oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
.
Baktos,
manAR
Note: forwarded message attached.
====
Mama ManAr,
Teu aya attachment-na.
----
Tah kade wae soal "tanaman obat" asli US teh ulah nepi jiga contoh dihandap.
====
Kabejakeun yen di Brazil,di leuweung geledegan kapanggih aya "tanaman obat".
Cenah mah "tanaman obat" ieu teh kanggo ngalandongan panyakit kanker.
Ti Amrik dikirim ahli-ahli obat nu disponsor ku Pausahaan Pharmacy nu pang
ageungna di Amrik, boa di dunia.
Di lab dibuktoskeun yen "tanaman obat" teh leres tiasa ngalandongan panayakit
kanker. Nya pausahaan eta meuli hak "patent" jang ngolah "tanaman obat" eta ti
Pamarentah Brazil. Malah ngadegkeun kantor penyelidikan di Brazil.
Sataun dua taun bet euweuh dipasaran obat eta teh. Ari PR pausahaan eta mah
ngumumkeun yen process tina tanaman ngajadiekun kana pil obat merlukeun waktu
nu rada lila.
Ari pek teh aya warta yen kabeh dokumentasi soal "tanaman obat" teh dikonci di
brankas pausahaan malah disegel sagala.
Produksi pausahaan "obat pil" nu ceuk maranehann ....."ngabantu".......
nyageurkeun panyakit kanker, tetep wae diproduksi.
Tah kade nu kieu teh,nu disebut sebut ..gombalisasi..eeeh..globalisasi tea.
Globalisasi mah kedok anyar kolonialisme abad ayeuna. Ngan nguntungkeun
negara-negara industri nu geus naju.
Boa engke kahareup, mun aya US di Desa nyieun "beas kencur" ( beas jeung
kencurna diolah ku waos biangna)jang ngubaran budak anu tijalikeuh, kudu mayar
royalty ka pausahaan raksasa pharmacy di Swiss meureun atawa di Jerman atawa
di Amrik. Nya mun eta "beas kencur" dipatent-keun ku marenahanana.
Meureun geus waktuna, obat-obatan karuhun urang, hiji-hiji kudu di-patent-keun.
Tempe wae patent-na nu boga pausahaan Jepang. Kumaha mun tumis leunca jeung
oncom patent-na dobogaan ku urang Amrik. Padahal marenahana mah jajauheun bakal
jadi katuangan sapo-poe. Tapi nagara nu pendudukna 230 juta, US we geus 40
juta. Pasti tumis leunca baka laku. Komo mun "kemasan"-na "menarik" jiga
product Luar Nagrek.
Pabrik di nagara urang kudu mayar royalty mun arek ngaprodusir tumis leunca.
Padahl leunca-leunca urang, oncom-oncom urang, coet-coet urang, nu digawe-na
urang-urang keneh. Nu meunang duitna urang Amrik, "ongkang-ongkang kaki".
Kade "demokrasi", "globalisasi", Trade Pact,Pasar Bursa, Free Trade, Patent,
kabeh ge karanganan marenahanana. Tangtuna ge nu diteangan nya kauntungan jang
marenahanan oge. Saenyana mah bohong alias nipu.
Bener oge..Bung Hatta....nu cocok jang urang mah "koperasi". Tapi kanyataanna
"koperasi" teh cuck nu gede jang kapitalisme, matakna diurang diantep sin apaeh
sorangan. Mantri Perdagangan RI saha nya ???
Bahan pikiraneun jang US nu ngarora, pangpangan SH- SH. Aya pagawean anyar
salain ti LSM. Sh-SH ulah hilap goreng peda di-patent-keun. ( Si Abah poho
deui, biasana mah peda teh dituang jeung ..peuteuy tapi aralit, naonnya namina
teh ?)
Abah Joe
---------------------------------
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/