Wa'alikumusalam wr wb, kasadayana
abdimah nuju batuk kang ikmal, eta di cimahimah anu kitumah geredog/ sanes
geledog
tah aya dipipir bumi titinggal pun biang satangkal deui upami teu acan aya anu
nuar mah,
jigana ikmal nyiram samemeh kawin mal hahaa make hayang geredog sagala.
eta rukem jiga kumaha tetehmah nembe nguping, upami campoleh, jambu aer,
rambutan tuh dibogor dibumina kang junaedi_agr geura tutuwuhan mah heboh abong
ahli pare, serbuu.......
ngan tetehmah sono teh buah ranggasa ning mal, sok sieun ngalana pedah sok aya
titinggi,
tah di dieu oge aya tatangkalanmah ngan bumbu dapur wungkul mal da teu kenging
melak anu jangkung - jangkung, aya seureuh na tembok nempel, aya laja ngajajar,
payuna laja, jahe sareng koneng ngabaris beres niron tentara, terachir
panghandapna tangkal cikur..... coba
etah, kalakuan kuring, tah tangkal lejet gaganti anggur ngahunyud buahna,
handapna cabe beureum sareng babawangan.
palebah pager apan ku daun sampeu 50 cm anu ngabageakeun ka saung paranti nampi
nayaga, atanapi tamu tah payuneunnana teu dibalongan da dicarekan ku polisi
didieu, sarang nyamuk cenah, ku teteh digentosku gentong sareng angklung
cai.... ti subang tah,
asa di lembur di wawaas padahal di nagara batur.
aya dina pot ngajajar jambu batu, jambu aer jeung balimbing teu kaop buahan
dipipit, nayaga wae. tah dongeng tatangkalan anu dikoperan ku teteh nepi ka
lembur bush .
hayang melak tangkal kalapa cita-citamah mal, atawa campoleh, rek dipelak di
tengah buruan.
heuheu nglamun ikmal....
ke balik ach ka sukabumi ka kampung ikmalnya, urang mancing nahandapeun tangkal
kalapa
okay.
cag
teh nenny
Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr Wb....
baraya damang nun?
kapungkur nuju alit di sawah atanapi di kebon aya bubuahan anu rada aheng...
sapertos GELEDOG, eta buah teh siga naon nya? hilap deui, mung nu emut
keneh teh yeun buah na teh kelirna koneng enay, haseum na kabina bina,
matak burial bucelik sagegel oge, sareng deuih pami tos ngegel geledog
mah waos teh sok marakbak ....koneng :-)
aya deui nu disebat RUKEM, rukem mah tangkalna ciga lolobi ngan cucukan,
buahna ge sapertos lolobi mung rada amis (pami teu lepat mah). saur na
teh RUKEM teh salah sahiji tutuwuhan nu ngan aya di tatar sunda/ slah
sahiji keanekaragaman hayati, leres ta teh?t
ah ayeuna mah abdi tos lami/ mang alam-alam teu mendakan GELEDOG sareng
RUKEM, aya baraya anu gaduh tangkal atanapi buah na, komo buahna mah,
sugan atuh aya tiasa ngalungkeun eta buah pang-pang na rukem,
sakontainer weh!! ;-) , moal nolak da, pami geledog mah tong seueur
teuing 2 siki ge tos cekap, da hasyeem pisan.
hatur nuhun,
salam baktos,
ikmal (nuju hoyong rukem)
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
---------------------------------
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/