Baraya,
 
Ti saprak kajadian musibah di TPA Leuwigajah, runtah patulayah dimana-mana, da 
teu kawadahan tea. Kamari poe minggu, kaparengkeun ngaliwatan sababaraha buku 
jalan, boh jalan leutik atawa jalan utama, di Kota Bandung. Beueueu....hebat 
kacida akibat tina hiji bae TPA anu heunteu bisa operasi. Runtah numpuk meh di 
unggal juru kota, geus lir ari di hareupeun pasar jeung di depot (tempat 
panampungan runtah samentara samemeh diangkut ka TPA), geus ngahunyud pisan. 
Sareukseuk katingalna jeung teu kuat ku bauna bae ti unggukan runtah anu loba 
tur geus lila mah. Estuning teu matak betah.
 
Runtah tinangtu baris terus nambah, da masyarakat moal eureun tina kagiatan anu 
ngahasilkeun runtah salila aya keneh dikieuna mah, alias tacan kiamah tea. Atuh 
komo da nu nyicingan Bandung tinimbang ngurangan, kalahka nambahan. Sawatara 
kitu, TPA anyar tacan aya da puguh heunteu gampang tea neangan jeung nyieun 
tempat keur TPA teh. Kukituna, samemeh runtah minuhan kota Bandung, hayu urang 
padungdung, urang tandang pikeun ngokolakeun runtah di Bandung, khususna, 
umumna di kota-kota gede, sa-TS bae heula, da engke oge batur teh tangtuna oge 
narurutan ari kana program hade mah.
 
Mangga diantos, pangemut sareng icikibung ti sadayana pikeun ngokolakeun 
runtah. Sigana, anu diperyogikeun ayeuna, sanes ukur wacana, namung parantos 
kana lebah praktekna. Sababaraha anggota di ieu milist, upamana bae Kang Yogie, 
tangtosna oge parantos prak mulasara lingkungan tina runtah. Mangga diantos 
pangalaman sareng ide-idena kanggo ngokolakeun runtah kota anu beuki dieu 
katingal wuwuh ngahunyud.
 
Baktos,
manAR 
 
 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke