Upami teu lepat mah artikel online na "cikal bogor" ngarujuk ka
hasil-hasil panalungtikan Saleh Danasasmita (SD, alm.). Kungsi oge
manggih artikel nu sarupi nu disusun ku Pa Dian Hendrayana, dosen IPB
(?), hilap deui alamat URL-na, nu sami ngarujuk ka hasil-hasil
panalungtikan SD. Mung dugi ka dieu anu jentre mah.

Perkawis soheh/luyu/henteuna hasil ieu jeung kanyataan sajarah,
simkuring teu maher/kompeten pikeun nerangkeun hal ieu. Upami
dipatalikeun jeung Naskah Wangsakerta (NW) anu dibahas dina bedah buku
kamari, yen hasil panalungtikan tadi seueur nu ngarujuk ka NW, nya
urang tungguan bae lajuning lakuna, naha ieu naskah teh soheh atanapi
henteu. Sugan jaga (ulah lila teuing) bisa kabukti...

Kanggo embaran (info), buku-buku umum nu medar sajarah Tatar Sunda
kiwari tos aya sababaraha hiji:
- Yuganing Rajakawasa, Geger Sunten, kenging nyusun Yoseph Iskandar,
eusina seueur ngarujuk (pisan) ka hasil panalungtikan SD kana NW.
- Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran..., Kiblat Buku Utama, eusina
kumpulan hasil-hasil panalungtikan SD ngeunaan sajarah Tatar Sunda.
- Sundakala, Pustaka Jaya, eusina mangrupa kliping/kumpulan
artikel-artikel SD jeung Ayatrohaedi hasil nalungtik NW

On Thu, 10 Mar 2005 17:18:01 -0000, Asep Dedi Suhendra
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> -Haturan Kang Kumincir,oge para inohong sadaya,
> Nyabit-nyabit nami Kang Maman Gantra, Sim kuring teh janten emut
> kana  Caritaan Cikal bakal sajarah Karajaan Pajajaran  anu di
> kawitan ku ngadegna Karajaan Taruma Nagara dugi ka rempagna benteng
> pajajaran kualatan musuh di jero simut, anu  di pasihan
> judul  "Cikal Bakal Bogor" .
> 
> Tah Manawi terang naha tulisan sajarah ieu teh tos kengen ka absahan
> ti pihak-pihak anu gaduh kawenangan kanggo nangtoskeun leres
> henteuna ieu sajarah?   Hatur nuhun.


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke