Haturan Kang Asep,
 
Panambih ngeunaan buku-buku rujukan sajarah Sunda. Sajabi ti anu diiberkeun ku 
Kang Kumincir, ngainformasikeujn oge yen translate Naskah Wangsakerta (NW) 
salaku rujukan sajarah Sunda kana basa Sunda salengkepna aya di Perpustakaan 
Sribaduga Maharaja, Tegallega, Bandung. Atuh tina eta naskah, sababaraha ahli 
sajarah Sunda, parantos nyerat buku sakumaha anu diiberkeun ku Kang Kumi, 
kalawan panambih, hiji deui, nyaeta yasana Kang Saleh Dananasasmita saparakanca.
 
Ieu buku anu akhir disebat di judulan "Rintisan Penulusuran Masa Silam Sejarah 
Jawa Barat" (RPMSSJB), sadayana aya 4 jilid araripis (font huruf : alit). Sok 
sanajan ieu buku disusun ngalangkungan kaproyekan ti Pemda Propinsi Jabar, 
namung katawisna digarap kalawan daria. Aya kapiemang di sikluk kacamatan 
Kawali anu rada tara kana babad Panjalu kungsi nyarioskeun waktos ditalek yen 
anjeunna kungsi kasumpingan ku tim anu nyusun eta buku, dina raraga "survey 
studi banding". 
 
Ngeunaan kaabsahan NW`salaku sumber sajarah, si kuring yakin pisan, NW sah 
salaku sumber sajarah US jeung TS-na. Mang Ayat ngadugikeun dina pagempungan 
kamari, apan ari perjanjian-perjanjian jeung walanda, oge jeung portugis 
samemehna, teh ditulis, apan dina mangsa sakitu hartina geus aya bangsa urang 
anu bisa tutulisan jeung ngarti kana basa sejen. Diajar basa mah teu kudu 
ngadagoan kamoderenan sakumaha abad ayeuna. Kukituna, sanajan NW ditulis dina 
mangsa abad 17, teu mungguhan, bisa bae. Alesan anu kadua, anu nolak NW teh 
kulantaran NW ngeundeuk-ngeundeuk kaajegan "sajarah" versi Jawa anu dominan tea 
dina paelmuan urang. Buktina, aya sababaraha naskah ti seler sejen (sanes 
Sunda, sanes Jawa) anu ditulis samangsa jeung NW, tapi geuningan diaku, heunteu 
dinaha-naha atawa digeuhgeuykeun salaku pamohalan. Kunaon? sabab naskah-naskah 
anu bieu disebut mah heunteu ngusik-ngusik kaajegan sajarah versi Jawa tea.
 
Mangga, bilih meryogikeun (RPMSSJB), aya dina pabetekan. Keun bae sugan 
difotocopy oge da keur kamanfaatan balarea US, saupami milarian aslina rada 
sesah.
 
baktosna,
manAR
 


Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

-Haturan Kang Kumincir,oge para inohong sadaya,

Nyabit-nyabit nami Kang Maman Gantra, Sim kuring teh janten emut 
kana  Caritaan Cikal bakal sajarah Karajaan Pajajaran  anu di 
kawitan ku ngadegna Karajaan Taruma Nagara dugi ka rempagna benteng 
pajajaran kualatan musuh di jero simut, anu  di pasihan 
judul  "Cikal Bakal Bogor" .

Tah Manawi terang naha tulisan sajarah ieu teh tos kengen ka absahan 
ti pihak-pihak anu gaduh kawenangan kanggo nangtoskeun leres 
henteuna ieu sajarah?   Hatur nuhun.



Baktos



Asep-Oeking--FL







-- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ralat, sanes Teuku Jakob, tapi R. P. Soejono anu nalungtik Homo
> floresiensis tea...
> 
> jk
> 
> On Wed, 9 Mar 2005 18:08:38 +0700, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ti nu haladir (lian ti nu manggung), kuring ngan apal Pa Ayip 
Rosidi,
> > Pa Ali Sastramidjaja (eta ge pedah bae anjeunna ngacung), Kang 
Maman
> > Gantra (kang Tan2 siap2 ditelpon ku anjeunna, tadi ku uing dibere
> > nomer HP), Teuku Jakob (? nempo ti tukang), jeung Teten Masduki.





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 



                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Small Business - Try our new resources site! 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke