Saur kang Ma-Wardi
>pokok na mah, seniman sunda di bandung,
>pasti kenal lah ka si asep berlian mah
Kumargi sim kuring hoyong disebat seniman Sunda, sawios kelas impun oge,
nya maksakeun meureun kudu kenal sareng Asep Berlian. Saur sim kuring asa
pamohalan lamun Asep Berlian digolongkeun jalma selon mah, da harita we
lamun usum demonstrasi manehna mah geus kahontal naek mobil jip sagala,
sedengkeun nu sejen mah lolobana kana motor siki nangka. Duka upami standar
selon kang Ma-wardi sareng standar selon kuring teu sami mah, ngan nu kitu
anu kabandungan sim kuring mah.
Sok atuh kang Ma-wardi, pang angkirkeun Kang Asep ka Kisunda supados
langkung hegar ieu rohangan teh...........
At 02:17 AM 3/10/2005 +0000, you wrote:
>Asep berlian, sobat kuring
>babaturan ti jaman sma sampe sakola cap gajah depa , i te be
>
>Asep, anak yatim piatu, tapi loba sesepuh nu nganggap anak ka maneh na
>manehna miskin, tapi bisa kuliling dunia
>teu boga duit, tapi loba mojang geulis nu ngadatangan
>keur ngumbara di australia, sempat boga kabogoh urang ditu
>teu boga imah, tapi loba panto nu muka keur maneh na
>teu bisa ngilu milis sunda, ku sabab teu boga duit jeung ka warnet
>
>teu jadi kawin jeung si neng, anak jelma beunghar, saudagar ti garut
>sabab teu boga duit, keur meuli mas kawin
>
>( tapi Asep, teu ngagugat urang sunda beunghar ,
> nu tara inget ka dulur na nu miskin
> nu kalakuan na masih feodal keneh,
> embung gaul, jeung urang sunda nu miskin )
>
>mun daek mah , si Asep bisa wae , jadi jalma beunghar , loba duit
>tapi maneh na, teu daek ngajual idealisme jeung katulusan hate na ,
>ngeun ku saukur ku duit sagepok
>
>Asep seniman serba bisa, boh ngalukis, puisi, orasi atau ngabodor
>
>keur demo2 mahasiswa di bandung, pasti urang manggihan si Asep keur
>orasi
>Almarhum Harry Roesli , babaturan na, keur demo baheula,
>babarengan oge, ngajarkeun musik ka para pengamen jalanan
>
>di laen waktos, urang bakal ngadangu
>manehna keur ngabodor , ngabaturan kang Ibing di radio Mara
>
>di laen waktos si Asep, keur ulin di jelekong-ciparay
>ngawangkong jeung anak incu Asep Sunandar Sunarya
>
>( Asep masih baraya jauh abah Sunarya ,
>matak oge bisa nirukeun suara dalang, khususna suara si Cepot )
>
>
>mun keur lieur ku kahirupan dunia ,
>Asep ngumpul bari I'tikaf jeung ikhwan na di mesjid jama'ah tabligh
>di Antapani
>atau ngaji ka majlis Ustad jalaludin Rahmat di kiaracondong
>
>dumasar pangalaman kahirupan sadidinteun di bandung
>sarta pergaulan sareng suku suku nu sanes ,
>nu ngaramekeun bandung , nu memang dipikaresep ku batur
>
>kang Asep ,bade ngabukukeun eta pangalamanana ,
>dina buku nu dipasihan judul, " Urang sunda menggugat"
>ngagugat batur, sarta ngagugat oge urang sunda sorangan (introspeksi )
>
>hayu atuh , geura hudang urang sunda, tong he eus wae
>ma enya, ngagugat wae, teu wani ?
>
>salam baktos
>
>Alma wardi
>batur ulin , sareundeuk jeung saigeul
>
>
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>berupa pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/