Leres kang Yan seueur urang sunda nu nyungculak jadi pamingpin  janten tokoh 
nasional(kecuali RI 1 & RI 2). Kumargi kitu sae pisan mun pamingpin sunda tong 
seueur saur "mengkader" generasi sahandapeun/nonoman sunda supaya jadi 
pamingpin nu leuwih nyungculak. Tangtosna langkung epektip pami ngamentorna 
(nurturing) keur jadi pamingpin ulah mun geus  teu kaangge atanapi tos pangsiun.
 
baktos
tirta
 

sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Ceuk Mang Ayat mah urang sunda mun jadi pangagung/tokoh nasional 
> hartina manehna eureun tina kasundaanana. Sarkastik? duka teuing tapi 
> asa realistik nya?"
  US saleresna resep nyepi di guha-guha, ceunahmah nuju "manunggal jeung 
gustina" / nyorangan diruang poek nu teu seueur manusa.
Saparantos janten pamimpin anu "nunggal" diwidang naon wae anu 
dilakonanana, hartosna "nunjukeun simbol kakuatan atanapi kakuasaan" 
anu kedah dipikabutuh ku bawahanana / rahayatna. Hiji simbul parantos 
napak ka satatusna nu atos diakui ku sababaraha pihak. kabiasaan seueur 
saur jeung balarea jadi leungit kasundaanna, nyaeta nuju ngarubah watak 
tangtunganana kedah aya sisimaanana. Nyaeta ucap jeung gerak -laku- 
napakna kedah janten nu dipinconto rahayatna.

baktos
yan NYC
On Monday, March 14, 2005, at 10:27  PM, Tirta widjaja wrote:

>
> Seueur geuning nu bisa kaala tina kaalusan urang minang oge urang 
> jawa.  Hiji deui kaalusan urang minang jeung jawa nyaeta mun jadi 
> tokoh nasional da teu aya rasa kagok ngajungjung kaminanganana jeung 
> kajawena. Eta we katingal tina realitas Gebu Minang jeung Dewan 
> Penyantun Keraton Surakarta waktos kahuruan. Ret kana TV ningal 
> kaayaan karaton Kanoman, Surasowan Banten matak, lah asa seueul hayang 
> ngabantuan tapi teu walakaya. Rek ngagorowok ka inohong da teuing atuh 
> naha aya kitu inohong, tokoh nasional urang sunda? Ceuk Mang Ayat mah 
> urang sunda mun jadi pangagung/tokoh nasional hartina manehna eureun 
> tina kasundaanana. Sarkastik? duka teuing tapi asa realistik nya?
>
> salam
> tirta
>
>
> oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sapuk Kang, rarasaan mah memang asa leuwih loba surupna antara US 
> jeung UM (urang minang) teh. Boh dina soal rasa kadaharan (selera), 
> kaayaan alam (tangtuna oge mangaruhan kana aspirasi ngokolakeun 
> lingkungan hirup), kasenian, jeung nu sejenna.
>
> Dina soal kadaharan, pangaruh tina loba cabe, kalapa, jeung hawa tiris 
> umumna anu katingal mah. Resep kana sabangsa laladaan, pasakan anu 
> make cipati, jeung haraneut, kitu lah. Muhun, kaayaan alamna sami, 
> seueur gunung parentul jeung pasir-pasir ngajalegir. Alamna sarua 
> endahna. Atuh musik (naon teh ? kalimpung tea namina), nyakitu, sok 
> ting seredet hate ari miresep soran musikna teh, eta anu sarupa bonang 
> tea.
>
> Ngan nyakitu, aya tips....hehehe...siga TQBS..., sigana upama hayang 
> rada manjang sosobatan atawa ngahiji (dina rumah tangga), urang kudu 
> silih-pikanyahokeun watek adat masing-masing. Utamana, soal saklekna 
> UM, poma pisan ulah dilayanan ku "pundunganana" US, matak kaelehkeun 
> bae. Tapi, anu langkung mikawanoh kiatna mah tangtu bae Kang Hendra 
> (kamurer), anu dumuk di Bukittinggi tea. Mangga Kang geura guar.
>
> Baktos,
> manAR
>
> ma_wardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ari ceuk abdi mah ,  urang sunda jeung minang asa cocok lah , di 
> bandung oge abdi se eur ningal rerencangan urang padang nu sakola di 
> dieu, kapelet ku mojang priangan, alhamdulillah kulawarga na , akur 
> serta harmonis.
>
> (walau kantos oge , aya kadongengkeun , kolot2 sunda di die, nyaram 
> budak na didekeutan ku pemuda minang, ceunah mah, bisi dikawinkeun 
> deui di ditu jeung pilihan kulawarga na , tapi eta mah jaman baheula 
> aya oge pendapat, ari jeung lalaki minang mah , mangga teu nanaon, 
> tapi upami jeung gadis minang , rada diomatan, kumargi aya kasieun eta 
> istri teh, rada dominan di keluarga , ku sabab adat matrilineal )
>
> di perkawis makanan cocok oge tah, masakan padang ( nu nikmat tapi 
> seeur kolesterol/lemak ) di kombinasikeun jeung asakan sunda nu sehat 
> (seeur sayuran segar ) , jadi masakan nikmat anu sehat.Di sababaraha 
> restoran abdi ningal aya oge tah menu campuran kitu.
>
> perkawis musik, melodi cianjuran , alunan nada na , mirip pisan 
> sareung saluang di seni minang , sami2 nganggo suling/saluang
>
> perkawis ka ayaan alam, alam dataran tinggi priangan nu sejuk udara 
> na, hampir sami pisan sareung ranah minang nu aya di dataran tinggi 
> oge  ( cobian geura ameung ka ranah minang , ameung ka dataran tinggi 
> kabupaten agam, rarasaan teh asa di garut wae , bukittinggi teh tiris 
> na hampir sami sareung cipanas  cianjur atau lembang )
>
> mun maenbal oge, upami semen padang di adu jeung persib di stadion 
> siliwangi, teu kantos tah , aya restoran padang anu dibaledokan ku 
> bobotoh persib ( da mun di baledokan, ngkeu rek dahar kamana deui atuh 
> ? )
>
> di bandung memang sababara mesjid nu ageung teh, dirameukan ku urang 
> minang , mulai ti istiqomah nu sarepuh , mujahidin lodaya tempatna 
> muhamadyah sampe ka mahasiswa minang di mesjid salman ITB.
>
> sababaraha tokoh ulama di bandung oge, masih keturunan urang minang 
> spt alm Rusyad Nurdin ( Istiqomah ), Irfan Anshori , aminudin soleh, 
> muslim nurdin jrrd.
>
> beberapa tokoh bandung , katurunan minang sunda sapertos ; alm Endang 
> saefudin Anshori ( cucu Isa Ansyori , tokoh masyumi ), alm Harry 
> Roesli ( cucu Marah Roesli pengarang roman siti nurbaya ).
>
> Pergerakan Islam Persis di jl pajagalan bandung, kapungkur na, sempat 
> digerakkeun oge ku alm Muhammad Natsir
> kitu oge sababara organisasi islam jeung kegiatan sosial lain na.
>
>
> sakitu heula pendapat sim kuring
>
> salam baktos
>
> Alma Wardi
>
> --- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>> Rumasa can ngajaran pagilinggisik atawa sosobatan lila jeung urang
> minang, jadi heunteu pati aya anu bisa dicaritakeun. Kituna teh
> meureun pedah rada taki-taki da kabejaan ku ki lanceuk: "ulah deukeut
> teuing jeung urang minang, lalicik", saurna. Tapi da teu kitu
> sadayana geuningan.
                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Small Business - Try our new resources site! 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke