**************************

Heheheh...... bisaan eung si Emang!!.... ayeuna buku engke, pulpen,
tas...saragam, akhirna bisa pan urang sakola! hehehhehe.....Enya!
sakola kahirupan pikeun jaga hasilna keur di Akherat!

'mun seug teh buku bin kitab nu dimaksud MH!, nya puguh bae eta teh
hiji barang nu jadi patempatan pikeun tulisan/ katerangan nu ringkes/
kadang bisa ngabejerbeaskeun hal-ikhwal nu di cutat/ dipidangkeun ti
sasaha bae pikeun batur/ sorangana, dina maksud babagi/ simpenkeuneun
tinu pangaweruh nu sabenerna katimu ku urang/ batur nu geus aya ti beh
ditu mulanakeun. Enya nu asalna ti Alloh nu murbeng kahirupan. Biasana
mah si Kitab teh sok dijadikeun "rujukan", papadan, kahayang nyahoan
urang...pikeun kapentingan urang/ kolompok atawa pikeun batur nu
ngaliwatan urang. (sumangga ah ditengetan).


I. Nyatana BUKU reujeung KITAB
Ceuk kuring nu bolokot keneh mah......Buku teh (Daftar...di basa
arabna, jadi si kalimah "Buku" ieu teh kuring mah can apal timana
nyoko na) sarupaning barang nu jadi patempatan nu dipibanda ku urang/
jelema saurang/ hiji kolompok (lain pikeun jelema rea, bisa oge pikeun
jelema lain salain ti urang, tapi biasana mah nu geus dipercaya ku
urangna). Jeung deui si Buku teh paragieun nyutat/nyimpen nu PERLU
keur urang, dina prakna mah bisa dicutat ku urang atawa batur. Si Buku
teh mangfatna mah satemenna pikeun sajelemaeun tapi dina prakna mah
sok aya oge pikeun batur tapi tara loba da biasana mah batur eta teh
jelema nu geus meunang kapercayaan ti urang.

Ari Kitab (sarua jeung Kitab ti basa arab tea)..... tah ieu mah
meureunan nu dimaksud Mang Ha tea.

II. Goib na BUKU reujeung KITAB 
{ Langkung jentrena mah panginten Kang Maman tiasa ngadadarkeunana
(Haturan Kang Maman) }

BUKU teh IEU!!...
Enya... patempatan urang pikeun bisa nafas, lumampah, cengkad, hudang,
sare jrrd..... intinamah si BUKU teh kahirupan urang di alam fana ieu.

Lamun kitu mah.... 
jadi KITAB teh pikeun jelemana nu malikirmah,....... taya lian ti
Dawamana Alloh nu geus  atra aya di sabudeureun urang, pikeun patokan/
'rambu-rambu' urang dina lumampahna darma hirup urang tea.

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih sasab, pamugi jembar manah pikeun 
mapagkeun Ki Sunda ka As-Shirothal'mustakim.

Tansah,

-pun adi-
******************

On Tue, 15 Mar 2005 03:17:03 -0800 (PST), Ki Hasan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Baraya,
> Upama ka urang aya nu nanya, naon ari nu di maksud
> BUKU? Cing naon kira-kira jawabanana? Enya nu dimaksud
> teh buku alias KITAB tea. Cing pang jawabkeun. Tapi
> teu kaci make rujukan sagala rupa. Ieu mah estuning
> harti buku orsinil numutkeun pribadi masing-masing.
> Naon atuh ari nu disebut BUKU teh?
> 
> Pasti aya nu tumanya, keur naon kuring nanyakeun harti
> buku sagala. Duka teuing kunaon, tadi sore, ujug-ujug
> aya  kahayang jiga kitu. Keun wae engke deui
> didodengkeun kasang tukang bijilna eta pananya teh.
> Ayeuna mah, cing pang jawabkeun we heula. Naon ari nu
> disebut BUKU teh?
> 
> Salam,
> MH
> 
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> 
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
> http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
> pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke