--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Aya hiji pituduh anu inget bae, keur gapura asup
> kana panalungtikan. Pikeun saha bae anu mikaangeun
> kana bebeneran sajarah, kapanggih basa ngulampreng
> ka museum patilasa karajaan Majapahit di Trowulan,
> Jawa Timur. Nalika ngilikan silsilah raja-raja
> Majapahit dina kar silsilah anu ngahaja dipasang di
> salah sahiji rohangan di eta museum, aya anu aneh.
> Eta lebah tanda buleudan jeung panah (O->) anu
> nuduhkeun (simbol) lalaki jeung tanda buleudeun
> jeung + (O+) anu ngarupakeun simbol awewe dina
> pancakaki silsilah tea, dipabaliutkeun. Sakabeh
> ngaran anu make "Dyah" dina eta silsilah teh make
> simbol O+ anu hartina awewe. Na atuh, lebah nami
> Dyah Lembu Tal anu ngarupakeun kolotna Rd. Wijaya,
> raja Majapahit anu munggaran, simbolna teh O->. Naha
> bet kitu? Naha teu malikir ahli sajarah teh kana
> balukar eta padamelanana anu sacara kaelmuan teu
> bisa ditanggel?
>  
> Ceuk NW, tah eta ramana Rd. Wijaya teh nya Rd.
> Permana tea, putrana atawa katurunan langsung ti
> Prabu Darmasiksa, raja Galuh-Sunda mangsa harita.
> Sedengkeun ibuna nya Dyah Lembu Tal tea (anu
> sakuduna dina silsilah di luhur make simbol O+),
> katurunan raja Singosari tea. Kitu oge lamun aya
> karep mulungan tina naon anu kapanggih ku seler
> sejen. Kumaha saterusna carita pangna Rd. Permana
> nikah katurunan wetan jeung naon amanahna Prabu
> Darmasiksa ka Rd. Wijaya basa anjeunna munjungan ka
> eta akina teu lila satutasna dilantik salaku raja
> kahiji di Majapahit, aya sadayana dina NW. Kusabab
> eta amanah dilanggar ku Gajah Mada (GM) anu geus
> kaiket ku sumpah palapa....nya kajadian "perang"
> bubat anu tos seueur pada mafhum.

Upama ninggal wangkongan dina jejer tuang-toong,
jigana rada kaharti tah katerangan di luhur teh, yen
urang wetan aya ciciren watek DOMINASI, sedengkeun US
leuwih milih sikep ADAPTASI. Wallahu'alam.

Salam,
MH
 

=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke