Kuring mimiti terang ka urang Batak teh, basa keur budak di lembur di 
hiji desa di Cimalaka Sumedang. Di lembur teh aya urang batak 
salakina batur salembur, teu terang lalakonna mah dugi ka nganjrek di 
lembur kuring. Ceuk dongeng para sepuh, baheula waktos jaman revolusi 
fisik, kulantaran pun Aki nu harita keur janten lurah pro republik, 
kapaksa ngungsi dan sieun ku walanda, nu ngagentosna teh urang Batak 
ieu, ditunjuk ku walanda jeung ku pamarentahan federal. Ngan waktu di 
taun 1950'an manehna diareureunkeun digentos deui ku urang asli. 
Waktu kuring keur budak (1960'an) sok sieun ari papangih jeung Pa S 
teh da jangkung gede jeung kamana-mana sok nyanyandak kamera (tustel) 
dikongkorongkeun duka kanggo naon tah kamera teh jeung tara seuri-
seuri acan, beungeutna teh jiga serius wae. Jadi ingetan kuring keur 
budak mah urang Batak teh pikasieuneun ....hehehehe.

Mimiti boga batur urang batak teh waktu kuliah di Bandung, malah 
lumayan loba. Mimiti mah rada shock oge boga babaturan urang batak 
teh eta ku teureugeus nyariosna, tapi aya nu nyobat, si Manurung, 
lamun liburan sok ngangajak libur di Tapanuli di Danau Toba. Ngan 
ceuk kuring teh boga duit timana, kudu ngingilu ka manehna, jeung 
harita mah nu disebut lembur batak teh, asa jauh pisan.

Geus digawe, ngalaman survey di lembur urang Batak, didaerah Karo, 
Brastasgi meunang kana dua bulanna. Tapi ari ceuk rarasaan kuring 
mah, lamun di lemburna mah, urang batak teh rada karedul komo 
lalakina mah, pagaweanana lolobana ngariung di lapo tuak, nu digarawe 
umumna awewe. Waktu survey teh boga babaturan urang sunda, rada 
dedegler, hiji waktu pas survey disawah, kuring saparakanca, ningali 
aya awewe keur ngadeluk we mancul di sawah, pas ditingali geuning aya 
salakina keur ngeyong-ngeyong budak di saung. Eta mah si Ruchiat, 
bakating ku sebel ningali kitu, nyokot batu rek dibaledogkeun ka 
saung, pokna teh : "ngewa aing mah", bari ngamang-ngamang batu rek 
dibaledogkeun. Ceuk kuring teh : "ari maneh, ieu lain di lembur 
urang, ieu mah di lemburna urang Batak". Kakara manehna inget.

Tapi leres, aya kaleuwihan urang batak teh, nyaeta lamun digawe sok 
serius, tekun jeung tara gampang nyerah pangpangna mah upama 
maranehna ngumbara. Di pangumbaraan katingali pisan, urang batak mah 
tara nyerah, digawe ti isuk jedur tepi ka peuting teh euweuh masalah 
keur manehna mah. Jigana mah dorongan ieu teh kadorong ku sikep 
kudu "berhasil" di pangumbaraan. DOrongan ieu kuat pisan margi ieu 
gengsi maranehna. Upama urang ka Tanah Batak, bakal ningali wangunan  
makam-makam urang Batak nu geus hasil di pangumbaraan, mararewah. 
Malah di Tanah Karo, aya bangunan makam bentukna niru wangunan Monas!
   
Di kantor kuring oge loba urang batak, malah loba nu geus S3. Tapi da 
rarasaan teh nya kitu-kitu keneh we, saperti umumna urang 
Indonesia .....

WALUYA

--- In [email protected], Alip Yog Kunandar <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Akang-akang sareng Eceu-Eceu... yu atuh urang kawitan
> soal urang Batak...
> 
> Sim kuring gaduh sobat urang batak waktos kuliah di
> Makassar, margana Simatupang. dupi dedeganana mah
> biasa we sapertos urang batak sanesna, rada 'kekar'
> sareng 'kereng' tapi soal persahabatan, asana mah moal
> aya nu ngelehkeun. Pami aya masalah nu kaalaman ku
> sobat-sobatna, terutama masalah nu aya patalina sareng
> 'kekerasan' manehna mah sok pangheulana wae. Nya kitu
> deui soal 'duit' sareng barang, tara bet pedit. Komo
> ka sim kuring mah, asa na mah 'nyopet' tina dompetna
> ge moal dikitu-kieu. Basa manehna ka 'bale nyungcung'
> (katolik naon istilah sundana nya?) di lemburna di






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke