Baraya, ieu posting kuring kanggo "Teh Aisha" nu ngangken ageung di
daerah Sunda sareng ngaraos aya getih sundana. Anjeunna nu ngawitan
posting artikel ti ME tea ka hiji millis. "Teh Aisha" ngritik dina
posting pribadina ka kuring, ngrtik kunaon urang sunda "melempem".
Tah kuring teh dijawab kieu :
============================
Hatur nuhun Teh Aish parantos ngawaleran posting abdi. Muhun artikel
eta teh parantos kagungan publik, abdi ge da henteu ngalarang
dilebetkeun kana millis, malah hatur nuhun pisan ku Teteh
dilebetkeun, janten tiasa didiskusikeun ku balarea. Tapi sigana mah
anu sanesna rada "heurin ku letah" margi dihenteu-henteu oge ieu
artikel teh teh nyigeung etnis, katingali rada palaureun.
Ibu rama Teteh teu damang wales? atuh mugi-mugi we sing enggal damang
sing sabihara-bihari deui. Karaos ku abdi nu parantos teu gaduh
sepuh, sok nineung ari geus teu araya mah.
Teh, sanes abdi bade bela diri, abdi hoyong ngabahas perkawis kunaon
urang sunda teh jiga gaduh panyakit inferior? teu aya tokoh nasional
anu nonjol ti etnis Sunda, mung Pa Agum wungkul. Atanapi panginten Pa
Ginanjar, hanjakal anjeunna masih kalebet kana rezim anu kapungkur,
janten upami bade didamel tokoh panutan teh rada codeka (codeka
ceuk "urang Jakarta", da GK teh geuning masih diaranggap ku urang
daerah mah, ieu dibuktoskeun ku kapilihna anjeunna di DPD).
Saur Pa Herman Y Ibrahim dina artikelna di PR, salah sahiji faktor
sikep inferior urang sunda, kumargi ku ayana pemborontakan Di/TII.
Saur Pak Herman, urang sunda osok dituduh pendukung DI wae. Tapi
saatosna abdi maca artikel Pak Ayip Rosyidi dina PR oge, abdi gaduh
prasangka yen saleresna sikep inferior ieu mucunghul ti ngawitan awal
taun 1950'an. Sapertos urang terang, Bandung kapungkur kalebet daerah
pendudukan walanda, Di Bandung seueur kantor-kantor pamarentah
walanda, tah nu didaramel di kantor-kantor ieu seuseueurna urang
sunda. Waktos peralihan pamarentahan ti walanda ka Republik anu aya
di Yogya, padamel nu didamel di Bandung ditarurunkeun pangkatna
sareng digaleser posisina digarentos ku jalmi-jalmi anu ti Yogya.
Kumargi ti Yogya tantosna oge seueur urang Jawa sanajan aya oge urang
Sunda anu tadina ngiring ka Yogya. Urang sunda nu digaleser seueur
anu "nyeri hate" da saurna mah aranjeunna didaramel teh "atas
intruksi" ti Yogya, supados kantor-kantor di Bandung henteu acak-
acakan ditinggalkeun ku padamelna. Nu digaleser teh saleresna mah
jalmi-jalmi terdidik, profesional dina widangna jeung
kalebet "elite"na urang Sunda, nu sikepna tiasa mangaruhan urang
sunda sadayana. "elite" Sunda seueur nu parundung.
Tina kajantenan ieu, di pertengahan taun 1950'an, aya gerakan
kasundaan nu dipupuhuan ku pamuda Sunda. Pamarentah Pusat ngambek,
malah sababaraha urang ditewak teras dihukum. Upami teu lepat mah Pa
Tjeje Bratamanggla salah sawios anu dihukum. Ieu janten trauma kanggo
urang Sunda. Nu matak henteu aneh, upami urang Sunda nu parantos jadi
tokoh nasional alim malire kasundaan da panginten bilih dicap
kadaerahan sareng ngahalangan karierna. Sok emut ka lalakon Pak
Suryalaga (dosen Sastra Sunda UNPAD, sareng ayeuna keur ngadamel
terjemahan Al Qur'an dina Basa Sunda) waktos ngahadep ka Amir Machmud
almarhum hoyong dibantosan ngadamel majalah Basa Sunda. Pak Amir
Machmud nolak, ku alesan anjeunna parantos jadi tokoh nasional!
"Trauma" ieu jigana nepa kasarerea, napel sesah dileungitkeun. Tapi
ayeuna aya harepan deui, pangpangna mah saatosna reformasi, seueur
urang sunda nu ngawitan deui sadar kana kasundaanana, sanajan gerakan
ieu sifatna masih sporadis, teu puguh sasaranana. Nya mugi-mugi we
kapayun mah aya hasilna boh kanggo urang sunda nyalira, atuh umumna
kanggo nagara Indonesia.
Ah sakitu we Teh Aisha, punten janten kapapanjangan.
Hatur Nuhun Teh,
Baktos,
WALUYA
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/