Haturan para wargi. --- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Kang,
> Ngeunaan angka 4, mangga ngiringan. Tangtu bae > seueur anu tiasa dipedar kalawan migunakeun jejer > angka 4. Teu rek kitu kumaha, apan sagala rupa oge > dicipta papasangan, sedeng ari 4 teh apan kombinasi > tina dua. Tambihan Kang Oman, 4 teh kombinasi tina dua, dupi dua kombinasi tinu naon ? Pamendak sim kuring mah nyaeta tinu 1 (hiji) jeung tinu 0 (kosong) !, nyaeta tinu aya jeung tinu euweuh. > Balik deui kana soal "gaya". Anu "palalaur", upama > seug patemu kasaruaan pancen antara eta gaya-gaya > jeung para "malaikat". Paurna teh sabab ari malaikat > mah apan mahluk tea anu sami'na wa atho'na, tara > mungpang kana piwarangan. Sedeng ari gaya apan > mahluk anu teo boga jiwa. Kitu soteh ceuk anu > ningalna ukur benda. Mung Aloh anu uninga, sabab > para hali lingkungan danget ieu...parantos aya anu > sapagodos sareng para sufi, yen satemenna anu > diangka ku urang salaku barang paeh (benda mati) teh > geuning tetela mibanda jiwa, sanajan darajat jiwana > tangtu beda-beda tingkatan. Saur katerangan ahli fisika, istilah "gaya" teh osok silih tukeur sareng nu namina "interaksi", malihan nu langkung cocok mah disebatkeun "interaksi". Rupina leres sifat atanapi ciri atanapi "muatan" nu aya dina "partikel" nu ngabentuk wujud/materi urang atanapi benda teh gaduh sifat anu tangtu/pasti tidituna/ti awalna. rupina tiasa janten upami secara fisikanamah kitu-kieu rumus anu kapendak secara ilmiahna mah, mung supados gampilna mah karuhun urang kapungkur nyebatnateh "malaikat". Kitu deui jiwa, nyawa, atanapi ruh nyatanamah sami goib tea, mung sami aya "interaksi"na. Anu janten aheng mah kantos aya nu ngadongengkeun ti sababaraha sumber, aya istilah "ngahiang",wujudna sirna teu aya bungkeuleukanana, nyatana karuhun urang kapungkur, naha dina jaman kiwari aya henteu jalmi anu tiasa kitu ? Naha dikamanakeun elmu eta, naha teu kaci kitu ari dina mangsa/jaman kiwari ? > Bisa kudu, bisa heunteu, gumantung waktuna jeung > tempatna jeung pikeun sahana > eta katerangan. Anu hese nya milarian eta > "kakuduanana". Dikamaranakeun nya elmu luhung urang sunda ? Naha KUDU henteu ku urang DIPILARIAN ? Kunaon teu aya BUKUna ? Atanapi dirahasiahkeun sangkan ulah dipake ku seler sejan ? Wassalam MZ __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
