Haturan Kang Oman, Kang Maman oge baraya disaampar jagat..., 

Sateu acan sim kuring mambihan deui guaran perkawis anu 7 (tujuh) sareng anu 9 
(salapan) minangka terasna ti na anu 1(hiji), 3(tilu) sareng 5(lima) mung anu 
ieu atos lebet kana Alam Ageung (AA+) sanes Alal Alit (AA-) sapertos posting 
tipayun, bade ngawalonan heula pangero ti Kang Oman dina sababaraha perkawis. 

Perkawis akal atanapi akal anu universal, sapagotos pisan sim kuring sareng eta 
statement yen akal mah sifatna universal henteu ngabentenkeun bangsa atanapi 
etnis bade yahudi, eropah, arab, aprika, jepang jrrd sami wae sareng "akalna 
urang sunda" tapi gumantung asahanana bae. Kukitu urang sunda ulah kasima ku 
batur, anu benten mung luarna, syareatna, atributna atanapi sering disebat 
sensasina wungkul, penomena anu katangkep ku indra urang. 

Perkawis "PAPAK" sareng "Pangeran Papak"
Kecap "papak" anu dipimaksad ku sim kuring dina guaran anu kamari nyaeta kanggo 
mastikeun pilihan urang saatosna ngasah potensi diri anu 5 (lima) anu tos 
nyampak dina diri urang. Upami potensi parantos kaasah sareng tos siap 
digunakeun tong hilap digunaken kanggo kamaslahatan (positi/+) sanes kanggo 
kamadorotan (ngatitif/-). Maslahat sareng madorot dua sifat papasangan anu 
lengket napel dina diri urang upami kedah diemut-emut dina unggal rengkak pari 
polah sadidinten. Kumargi aya sifat papasangan ayeuna urang gaduh postensi teh 
janten 5(lima) pasang anu tiasa mahaya-mahayu, hasilna mah kumaha latihan 
urang, idealna mah lima-limana kedah milih anu mangfaat kanggo diri urang 
sareng sabudeureun urang, diluar ageung-alitna mangfaat sareng ageung-alitna  
ruang-lingkup sabudeureun urang da eta mah gumantung kana "cahaya" anu 
dipancarkeun ku urang. Pilih, lima-limana anu mangfaat, lima-limana kedah sami 
mangfaat ulah aya anu negatif sok sanaos mung hiji tina lima tea, pilihan urang 
lima-limana kedah sami, kedah papak, kedah papak, kedah papak....! Ku 
sering-seringan ngawurukan jalmi kedah papak, kedah papak, nya katelah wae 
"Pangeran Papak" duka atauh saha nami aslina mah. Janten emut ka teh ii raina 
Kang Purwacaraka tea salaku "Mrs Picth Control" he... he... 

Perkawis buku "kasepuhan" mah sim kuring mung ngaos anu diposting ka milist 
urang sunda wungkul, leres aya anu sarimbag sareng anu kapendak ku sim kuring 
mug aya istilah buhun anu teu kartos tiasa bae eta kecap teh tos teu dianggo 
tos lami atanapi tos teu populer ayeuna mah, da nyakitu geuning basa ge teu 
abadi malih keuna ku owah gingsir. Mangga diposting bae 'digitalisasina' 
supados teu ngagurayot teuing filena, sareng teu lami teuing nga-download. 

Tah anu dihandap ieu ieu mah guaran terasna anu kamari kenging kotrat-kontret 
tadi wengi, ayeuna mah tos nincak kana Alam Ageung (AA+). Mangga 
nyanggakeun..........! 

 

Salian aya anu   1 (Hiji), 3 (Tilu) sareng 5 (Lima) anu tos nyampak diurang 
sadaya nyatana potensi diri anu kalebet kana Alam Alit ayeuna aya deui anu 7 
(tujuh) sareng anu 9 (salapan), anu ieu manawi kalebet kana Alam Ageung. Anu 1 
(hiji) nyaeta NYAWA atanapi ROH, anu 3 (tilu) nyaeta RAGA, UTEUK, HATE, anu 
(5)lima nyaeta RAGA, FIKIRAN-1 (statis), FIKIRAN-2 (dinamis), RASA-1 (deet), 
RASA-2 (jero). 

 

Benten sareng anu tos diguar kamari anu 7 (tujuh) ieu mangrupi 
hambalan-hambalan urang dina raraga "pemaknaan" hirup sareng huripna dialam 
marcapada. Hambalan anu 7(tujuh) the nyaeta:

1.      Hambalan nalika urang dipiara ku sepuh (balita), sim kuring 
ngalarapkeun hal ieu henteu mung saukur tataran fisik/lahir tapi oge dina 
tataran "pemaknaan diri" hartosna tataran ieu nalika hirup urang teu acan tiasa 
mandiri tapi masih diampu ku sepuh atanapi kunu sanes.

2.      Hambalan nalika urang "milarian elmu" boh anu lahir atanapi batin 
(anak/murangkalih sareng rumaja), ilustrasina mah dina mangsa ieu urang 
getol-getol milarian udagan hate. Aaah ieu teu kedah dijelaskeun deui da tos 
garalaman, geuning teu siang teu wengi urang surfing diinternet, udar ador, 
utrak-atrok kaaditu ka dieu, aya anu ziarah kamana-mana, aya anu ngadeheus ka 
sepuh, kiyai, profesor jrrd.

3.      Hambalan nalika urang "kumawula kana kawasa" (dewasa), fase ieu mah 
urang tos ngawitan "ngalemah/membumi" ngagunakeun panemu kanggo kumawula ka 
saha wae gumantung kana udagan urang, tiasa damel diwidang formal atanapi 
informa dina raraga 'pemaknaan' hirup.

4.      Hambalan nalika urang "kedah nyepeng rasa kamanusaan" tah palebah dieu 
sim kuring rada ragu naon anu dipimaksad. Sim kuring ngalarapkeun dina hambalan 
ieu urang kedah sadar yen urang the manusa biasa sanes dewa, sanes nabi komo 
deui pangeran mah, margi dina hambalan ieu aya tos gejala scizoprenia haa., 
ha.., ha.., rada sedeng bin selon eung.

5.      Hambalan "Pinandita" katingalna mah tataran ieu mah masih ngurus 
kadunyaan tapi tos katingal sifat-sifat panditana. 

6.      Hambalan "Wali" anu ieu teu kedah dibahas da ieu mah sesebatan ti nu 
sanes, kumargi jalami dina tataran ieu mah tos teu aya hartosna pujian tipapada 
jalmi kukituna moal ngangken "aing geus nepi kana hambalan wali" 

7.      Hambalan "Rosul" anu ieu mah ulah dibahas heula teu acan waktosna.

 

Keun wae teu kedah emutan da takdir mah teu tiasa dipungkir, kodar teu tiasa 
disinglar estuning papasten ti Gusti Yang Widi. Anu 9(salapan) mah mangrupi 
angka panutup da teu aya angka anu langkung ageung ti angka 9(salapan) aya 
salapan hal anu kapendak ku sim kuring kirang langkung 3-4 taun anu tos 
kalangkung, anu kedah diudag, ditata, dikokolakeun di wewengko nagara, nyaeta:

1.      Kamulyaan

2.      Kasundaan (dina skala nasional mah urang sebat bae kabangsaan, sabab 
sunda teh pan cikal bakalna bangsa)

3.      Islam

4.      Nasoro

5.      Bumi (dewa bumi) ngokolakeun sumber daya alam

6.      Keaman sareng Hukum

7.      Ekonomi

8.      Demokrasi

9.      Kasehatan

 

Anu salapan aspek ieu tos "ketok palu" teu tiasa ditawar deui dina magsa ieu 
mah, upami aya hal-hal anu peting sanesna tiasa sumurup ka nu salapan 
(nge-sub). Aya bentena anu salapan jaman kapungkur sareng anu ayeuna, kapungkur 
mah diwatesan geografi ari ayeuna mah diwatesan ku widangna. 

Anu salapan ieu mah urag bandungan wae sasarengan naha leres baris tarandang 
atanapi henteuna mah da ieu teu acan galib.

 

Sakitu anu kapihatur mugia aya mamfaatna, teu hilap neda dihapunten bilih serat 
sim kuring podok nyogok panjang nyugak, ditambih basa sundana anu kamalayon.

 

 

Wassalam

Dudi_ss 

  ----- Original Message ----- 
  From: oman abdurrahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, March 22, 2005 3:19 PM
  Subject: Re: [kisunda] Alam Alit Alam Ageung (A4) =>B U K U


  Haturan Kang,

  Heunteu sawios Kang, sawangsulna, sim kuring nya tawakuf nu kasuhun ka 
salira, teu acan pisan pareng anjangsono ka TS palih wetan...hehehe.  Leuh, ieu 
mah, nya atuh anu ti salira pangeleketek anu kalintang pikauruyeunana, matak 
lebar upama heunteu dilenyepan.

  Seja mairan ringkes bae - da rumasa anu panjang mah heunteu kaudag tea - kana 
tutungkusan ti salira. Anu ringkes teh eta kaeleketek (deui bae) ku eusi guaran 
hiji buku, ngeunaan kajugalaan internet pikahareupeun dikaitkeun kana 4A.. 


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke