--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Eta jejer tuang-toong, memang ku kuring > > dikumpulkeun, nya terus dijudulan: MULUNG MUNCANG > > KA PARANGGE. Nepi ka wangkid ieu eusina jiga kieu: > > > > 1. Noong ka Kolong > > 2. US noong JAWA > > 3. US noong MINANG > > 4. US noong BATAK, > > ... > > Sae Ki Hasan, ide atanapi gagasanana, supados > langkung "profesional", cobi urang uji gagasan ieu ku > "kriteria": > 1.ide ieu teh penting heunteu pikeun khalayak > numacana.
Hehehe, uji material meureun nya. Sementara mah keun wae moal dilabelan, naha profesioanl atawa heunteu, urang lakonan we. Manfaatna mah tangtu aya, paling heunteu jadi bahan nambahan informasi. Sementara wae nu katinggal ku kuring jiga kieu: informasi ti unggal baraya geuning nambah ngeuyeuban informasi nu pikeun pribadi sewang-sewangan. > 2.ide tiasa janten karangan nu panjang dugi ka tiasa > dijantenkeun buku (minimal ...? halaman) > 3.ide na teh aktual, unik atanapi spektakuler > 4.ide kaduh kamonesan nu langkung sae upami > disandingkeun atanapi dibandingkeung sareng buku nu > aya/sajenis Nu katinggal ku kuring mah, ieu jejer teh malah baris jadi buku panjang, nu teu kudu dianggeuskeun diwatesan ku ruang jeung waktu, tapi baris nambah numutkeun mangsa. Keur ngawatesanana meureun make naon nu disebut edisi. Jeung deui ieu jejer teh baris jadi buku antik sadunya, sabab nu nulisna oge riab aya dimana-mana, sarta profesina oge pancaragam. > 5.ide ngandung nilai luhur sareng mangpaat kanggu > umum Salah sahiji mangpaatna, nya pikeun ngabiasakeun nulis make basa Sunda. > 6.ide didukung ku data sareng fakta, saenamah > parantos teruji ku penelitianana (sesahnya ?) > 7.ide teh gampil milarian bahan-bahanna > 8.subjek ide leres-leres dikuasai ku penulis > 9.SEMANGAT penulis anu AGEUNG/NGAGEDUR !. Bahanna taya lian, pangalaman, panyawang, panitenan, pangrasa, sarta kahayang urang Sunda. Nu nulis bukuna taya lian sakabeh milisi nu resep nulis ku basa Sunda. Jigana sapanjang urang raresep nulis di milis, nya eta taya lian nu baris ngeusi bukuna teh. > Saenamah urang toongan wae nya dulur-2 sa nagari teh > nya, ti aceh dugi ka ambon, teras dugi ka balina !? Enya kitu pisan, urang toongan we, malah lain wae noong baraya nu aya di aceh nepi ka ambon, katinggalna mah malah rek noongan baraya sadunya. salam, MH ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. http://info.mail.yahoo.com/mail_250 PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
