Leres Bah, Pak Otto Iskandar Dinata teh kalebet pendiri republik ieu, malah anjeunna ceuk wartos mah anu nyiptakeun kecap heroik "Merdeka" teh. Hanjakal ka anjeunna aya nu deleka, duka saha, dugi ka aya nu nyulik, leungit teu puguh raratanana dugi ka ayeuna. Pa Otto Iskandar Dinata, DIvisi Siliwangi, sareng Ir. Juanda saleresna ageung pisan jasana ka republik ieu. Sim kuring kantos maca, upami Ir. Juanda henteu pupus jigana teh Bung Karno leuwih resep masihkeun kakawasaan ka Juanda tinimbang kanu sanes, da cenah mah waktos Juanda janten PM, Bung Karno teh percaya pisan. Hanjakal sim kuring oge teu acan kantos maca biographi Ir. Juanda, nembe maca ulasanana ngeunaan buku ieu tina koran.
Abah Joe nu dipihormat, panginten sim kuring kalebet generasi ngora (diageungkeun keur jaman ORBA), nu saleresna mah teu terang naon-naon perkawis ayana gerakan nonoman Sunda di tahun 1950'an, teu terang dugi ka aya nu dihukum sareng kunaon Kol. Bratamanggala oge kedah dihukum. Kuring mung terang selentingan, lamun para sepuh ngobrol, kitu oge bari haharewosan, jiga nyarioskeun "dosa ageung". Tapi saatosna reformasi, sagala jadi kabuka, seratan-seratan perkawis ieu teh, ayeuna ngawitan ditarulis deui. Pa Ayip Rosyidi dina koreksina kana buku Sajarah Jawa Barat kenging ibu Nina Lubis cs, ngritik kalawan peureus pisan, kumargi buku ieu henteu ngabahas soal ieu. Kumargi kitu sim kuring gaduh prasangka boa-boa kajadian ieu teh ngajadikeun "trauma" keur urang Sunda da buktosna jiga nu bade dileungitkeun tina sajarah urang Sunda. Ari inohong janten pelindung/penasehat hiji oragnisasi mah Bah, keur jaman ORBA mah diperyogikeun pisan, margi nuju jaman harita mah, apan sentralistik tea. Upami henteu gaduh gantungan, nya janten dipopohokeun. Organisasi Oalahraga, mass-media dugi ka grup lawak aya pelindungna tinu keur kawasa. Tapi sim kuring oge sapagodos sareng Abah, saleresna upami hoyong mandiri, pelindung/penasehat tinu keur kawasa teh teu diperyogikeun. Komo di jaman ayeuna, malah bilih engkena kacacandak teu puguh-puguh. Hatur Nuhun Abah Joe, mugia Abah sakulawargi sehat-sehat wae. Baktos, WALUYA --- In [email protected], Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Gan Waluya anu dipikahormat, > > Nuhun Alhamdulliah, sim kuring sae-sae. Nya sakapeung tuur sok nyeri dina dintena nu tiis sareng ngucruk hujan. Panyakit kolot Rheumatik. > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
