Baraya,

Geuning rame noong BATAK teh nya. Upama dibandingkeun
sareng noong JAWA sareng MINANG, jigana noong BATAK
leuwih punjul dina hal jumlah respon oge ruang
lingkupna. 

Kumaha upama ayeuna urang teruskeun kana noong CINA.
Cik, numutkeun pamanggih, pangalaman, panitenan,
pangrasa, sarta panyawang baraya, naon kira-kira 
KAUNGGULAN urang CINA. Enya kaunggulana we utamana
mah, keun wae kakurangan mah teu ditoong oge. 
 
Kunaon make noong CINA? Pedah eta we, najan lain seler
asli Indonesia, jigana campur gaul US jeung CINA
leuwih teleb dibandingkeun campur gaul jeung seler
lain. Geura mangga wae titenan, ti mimiti urusan
kadaharan US, papakean US, tutumpakan US, beubeulian
US, jeung sajabana apan teu jauh jeung urang CINA.

Naon kaunggulan CINA? Kuring kungsi ngobrol jeung
urang Malayu perkara CINA, cenah sabenerna CINA teh
teu  pinter-pinter dibandingkeun jeung seler sejen,
ngan manehna leuwih ulet jeung rajin. Kuring oge
kungsi boga balad Cina jaman keur sakola baheula.
Enya, ku rajin-rajina dina mangsa ujian, eta eusi
skripsi  nepi ka ngolotok apal cangkem, nepi ka titik
komana.

Tah upama ceuk panyawang baraya sadaya, naon kira-kira
 kaunggulan CINA anu pantes dijadikeun pieunteungeun 
pikeun US?

Salam,
MH


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke