Ngiring mairan Kang, numutkeun sim kuring mah inti masalahna aya dina sajarah. Kulantaran "bahasa menunjukkan bangsa" nya teu salah mun aya nu ngamasalahkeun undak usuk basa sunda teh sabab bisa bae dianggap undak usuk basa sunda teh babawaan "penjajah". Ku kituna ayana kahayang balik ka basa sunda nu baheula nu taya undak usukna lian ti hayang balik ka indentitas diri, neang deui identitas suku sunda. Ku kituna nya janten benten pisan mun urang diajar basa seler sejen da "teu make hate". Panambih deuih ari "spirit"na undak usuk teh hormat ka saluhur/kolot, nyaah ka adi/kasasama, tapi dina prak-prakana mah jadi identitas "status", nu jadi ngawates papada urang sunda. Ngeunaan bahasa Indonesia nu jadi beda pisan ti basa melayu mun teu salah taun 80an geus dimasalahkeun ku lobana kecap basa jawa nu jadi basa Indonesia. Bahasa melayu nu asalna "berjiwa merdeka" geus ubah jadi basa Indonesia nu mawa rasa beda identitas "status". "Bertemu" teu sarua jeung "menghadap", enya ge pasti lain undak usuk basa Indonesia, tapi kuring mah yakin kecap sarupaning kitu teh kulantaran pola & spirit undak usuk basa jawa (tengah) nu kabawa ka basa Indonesia. Jadi ceuk kuring mah badungdengan undak usuk basa sunda/ basa sunda loma jelasna mah mangrupakeun "struggle" urang sunda nu hayang mopohokeun masa pait urang sunda nu dijajah mataram sakalian ngahirupkeun "jiwa merdeka" dina basa & babasa. Bisa jadi ku "ngototna" urang sunda nu hayang miceun undak usuk basa dianggap "nostalgia pada masa silam", tapi bisa jadi ieu proses teh intina rek ngaleungitkeun "inferior mental" urang sunda ka urang jawa. Salam tirtawidjaja
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kuring oge puguh rada aneh suraneh nengetan padungdengan basa Sunda teh. Ngan catetan, pangpangna mah perkara kahelok kuring ka papada baraya US. Nalika urang diajar basa deungeun, naon wae rek Inggris, Walanda, Arab, Jepang jeung sajabana, jigana teu pernah ngamasalahkeun perkara aturan kabasaan. Boh gramatika, oge sintaksisna. Ditarurut we, sakumaha kaedah-kaedah nu aya. Malah diajar basa Jepang, daraek we diajar nulis make aksara jiga rokrak pasiksak oge. Ari palebah diajar basa sorangan, hayoh pahibut masalah undak usuk basa sagala rupa. Padahal jigana, nu leuwih payus jadi padungdengan teh, naon nu geus bisa dihasilkeun ku urang ku cara migunakeun basa Sunda. Salam, MH --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tapi ari ceuk kuring mah aya cara berpikir anu teu > logis jeung perlu dikoreksi. > > Naha aya jaminan lamun basa sunda anu dipake ku US > basa sunda anu loma atawa sunda kasar, bakal loba > urang sunda anu bakal make basa eta? Naha enya basa > anu dimamanis (eufemisme) jalma nu makena jadi > munafik? naha lamun basa sunda kacampuran atawa > kapangaruhan ku basa sejen, jadi teu aya hargana > atawa ijid? > > Pasualan bahasa, sigana masalah anu teu sagawayah, > aya aspek-aspek filosofis jeung psikologis. > Lamun ningali sajarah dipakena basa Indonesia anu > tadina tina basa malayu jadi basa nasional, cenah > mah sabab basana komunikatif. Lamun ngan ngandelkeun > kana komunikatif mah, geus wae atuh basa Indonesia > teh diganti jadi basa betawi, pan leuwih komunikatif > lin, sabab unggal poe dipake dina acara tivi, teu > kudu make teksbooks atawa maca pedoman Pemakaian > Bahasa Indonesia sagala, tulisanana Yus Badudu atawa > Gorys Keraf. Sok lamun basa Sunda siga kitu kumaha > tah? > > mrachmatrawyani ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new resources site! http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
