Nuhun pisan kana surat pembaca nu ditangkodkeun. Emut buku Kho Ping Hoo (duka nu mana judulna) aya hiji jawara mun tarung teh calakan diajar jurus, nu ahirna mun ngalawan musuh teh manehna make jurus musuhna. Kitu bayangan kuring ka Mas Bambang teh.......seratanana enyaan sekak seter. salam tirtawidjaja
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Aya gerentes hate baraya urang, cenah mah manehna urang "wetan", pendapatna ngeunaan Basa Sunda. Gerentes manehna di muat di PR dina kolom "Pikiran Pembaca". Jigana panitenan manehna merenah pikeun dilenyepan. Mangga geura titenan. Salam, MH =========== PR. SURAT PEMBACA. Minggu, 13 Maret 2005 �Negakkeun Basa Sunda di Jawa Barat� NEDA widi ka sakumna urang Sunda pituin, utamina para inohong wireh simkuring kawit ti "wetan" anu sok disebat "Mataram" tea, baris ngiring jabung tumalapung ngeudalkeun pamendak ngeunaan hirup huripna basa jeung budaya Sunda. 1. Leres pisan ajen inajen basa Sunda teh kawon ku basa "deungeun". Jalaran seueur urang Sunda ku anjeun ngagaduhan pamendak basa Sunda teh teu aya niley ekonomisna. Cohagna mah, teu tiasa janten artos benten deui sareng basa "deungeun" atanapi basa Malayu anu saurna teh tiasa enggal janten artos salian tilangkung apdol upami dianggo alat cumarios (komunikasi). 2. Saestuna, tanggelwaler ngamumule mekarkeun basa Sunda teh aya dina dampal panangan urang Sunda. Para Inohong kedah kagungan pamadegan anu panceg, ajeg, kersa nalungtik, ngawisik diri naha parantos di lingkungan kulawargana nganggo basa Sunda minangka bahan paguneman sadidinten. Sim kuring remen mendakan putra putu inohong Sunda anu kagungan kalungguhan luhur di hiji pakumpulan kasundaan pangageungna nyarariosna teh ku basa Malayu. 3. Kareueus, kadeudeuh, sareng kacinta kana sastra Sunda, seni pintonan sapertos cianjuran, degung, wayang golek, calung, menpo katingal nyirorot pohara tarikna. Mangga bae taros, marantena teh kagungan heunteu kaset-kaset Sunda, buku-buku Sunda, kamus Sunda, ngalanggan heunteu koran Sunda, majalah Sunda? Salajengna deui, upami hajat sanes "nabeuh" cianjuran, degung, komo penca mah. Majar teh, nukararitu olok kejo, mending elektonan bisa goyang dombret, beu! 4. Bawiraos Jawa Barat teh gaduh Perda No. 5, 6 Taun 1999 namung rupina mah eta perda teu acan pisan dilaksanakeun kalayan daria. Sim kuring gaduh pamendak, dina hiji dinten jam anu sami sadaya radio swasta di sakuliah Jawa Barat wajib siaran ku Basa Sunda, kakawihanana oge kawih-kawih Sunda. Upami aya anu "rehe" nyarios, lah sok kokomoan teuing! Sawios, bongan aranjeuna aya jeung nyiar pangupajiwa di Jawa Barat. 5. Parandena kitu, mugia para inohong Sunda ulah pangloh, ari kanu sanes kedah nyunda, kedah pageuh, pangger kana "moto" silih asah silih asih silih asuh" mung dina emprona kalah ka silih beubeut, silih siku, silih dengkek, malihan luas ngagalaksak banda sarakan. Pengkuh agamana, luhung elmuna, jembar budayana teh ulah mung abang-abang lambe, tojai'ah sareng kanyataan. Buktos anu walatra naha parantos aya pakumpulan, paguyuban kasundaan ngadongdon wargi urang anu kenging musibah di Leuwigajah? Rupina mah nembe Mang Ihin nyalira. Anu matak langkung ngangres, emutaneun urang sadaya naha wargi urang ti Leuwigajah nyuhunkeun tulung sacara hukum ka dulur ti peuntas (Giwangkara No. 2666 Maret 05). Kunaon sanes ka LBH Pasundan atanapi LBH anu dikokolakeun ku Ki Sunda? Boa-boa marantena teh ngaraos tos teu dipalire, dimomorekeun ku Ki Sunda. Pamungkas, ti sim kuring, caang bulan opat belas balungbang timur jalan gede sasapuan teu aya pikirkapingburi, maksad awon kana naon anu parantos didadarkeun di luhur. Malah mandar mugia sing tiasa janten pamecut supados langsung sae baringsupagi, Amin. Bambang Hermanto Komp. Bumi Asri H. 50 Bandung ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. http://promotions.yahoo.com/new_mail PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links --------------------------------- Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
