Hehehe, rame dongeng si Bang Ali teh. Asana ti baheula
keneh, jiga kitu sikepna teh, sok ngahudangkeun
kontroversi. Mirip-mirip oge sareng Kang Ajip, ngan
beda baladahan wungkul.

Hiji mangsa ka kuring aya balad nu nanya, "Euy, naha
aya model geometri anyar kitu, salian nu geus ilahar
dipake?" "Naha kunaon kitu?", cekeng teh. "Tadi dewek
di jalan, manggih papan ngaran dijudulan 4D, sugan
geus aya ruang-4D", cenah. "Teuing atuh, sainget sewek
mah nu bisa ditelekan ku indra ngan nepi ka 3D, aya
eta oge ari dina itung-itungan mah nepi ka nD, ngan
teu bisa ditinggali ku panon buncelik", ceuk kuring
teh. 

Heuleut sawatara mangsa, kuring kabeneran ngaliwat ka
tempat nu disebutkeun di luhur teh. Simanahoreng
geuning nu disebut 4D teh, taya hubungan naon-naon,
jeung urusan geometri. Sabab eta tempat teh, tempat
ngajual nomor buntut. Hehehe, 4D teh geuning nomor
buntut 4-digit. Kasebelan teh, sugan teh nanahaon.

Aya nu perlu dicatet dina dongeng di luhur teh, sabab
ieu teh dongeng bener, alias "true story". Eta kaayaan
teh aya di lembur tatangga urang, Malaya. Sakilas mah
rada helok, naha di Malaya judi dilegalkeun, di
sagedengeun eta hukum Islam oge diterapkeun. Enya,
judi di Malaya teh legal, ngan legalna selektif. Ngan
urang Cina jeung India nu meunang meulina. Urang
Malayu anu notabene Islam teu kaci meuli, lamun
kapanggih meuli kaasup ngalanggar undang-undang. jeung
deui lain ngan ukur nu meuli, nu wani ngajual nomor
buntut ka urang Malayu oge bisa didakwa. 

Upama di urang diterapkeun jiga di Malaya rade hese.
Sabab muslim jeung non-muslim apan sarua beungeutna.
Kajaba upama ngan keur etnis Cina hungkul. 

Salam,
MH

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Ari ceuk kuring mah ngadu (judi) bakal hese
> ngabasmina, ngan henteu 
> we nyebutkeun pamohalan mah. Sabab memang aya
> sabagian masyarakat anu 
> resep kanu ngadu ieu. Diteumeunangkeun oge ku
> pamarentah malah maling-
> maling. Nu resep ngadu, sagala rupa oge bisa dijieun
> bahan eukeur 
> ngadu. Kuring kungsi nyaksian tukang beca marelong
> nomer mobil nu 
> ngaliwat, ari sugan teh keur naon, ari pek teh
> "nebak" nomer mobil nu 
> ngaliwat, dipake tutumpangan duit!
> 
> Aya deui dongeng babaturan urang Yogya, harita keur
> jaman SDSB. Boga 
> kolot di yogya tinggal kolot lalakina. Kulantaran
> karunya ukur 
> sorangan di Yogya, kolot manehna teh diajak cicing
> bareng di 
> perumahan instansi Pamerntah di Tangerang. Tapi ukur
> meunang dua 
> bulan, kolotna teh keukeuh hayang balik deui ka
> Yogya, embung cicing 
> jeung anakna. Alesanana, cenah manehna kasepian di
> imah anakna mah, 
> henteu bisa "ngarumus" soal "nomer buntut" anu rek
> kaluar. Ari di 
> Yogya mah, geus loba balad, balad ngarumus
> ..........hehehehe.
> 
> Kungsi aya nu naros ka tukang beca, kunaon atuh
> resep wae masang 
> buntut? apan judi teh nyangsarakeun sorangan? Jawab
> tukang beca teh, 
> maksud masang buntut teh sugan we meunang duit gede
> anu moal bakal 
> kaalaman lamun digawe ukur ngabeca. Dina teu
> meunangna oge, meunang 
> ngimpina, beda jeung teu masang, teu aya
> ngimpi-ngimpina acan!
> 
> Janten kudu kumaha dikumahakeun atuh "judi" teh?
> .....ah nya duka 
> atuh ........
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
>  
> --- In [email protected], "Sumarna, Nana"
> <[EMAIL PROTECTED]> 
> wrote:
> > tah mun geus kieu atuh kumaha carana urang bisa
> ngabasmi judi teh, 
> asa pamohalan da nu purah ngabasmina oge kabagean
> hasilna
> > 
> > nana
> > 
> 
> 
> 
> 
> 

=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Make Yahoo! your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke