Duh Gusti ... Upami kitu mah teu wasa ngabayangkeun nu bakal kajantenan upami anjeunna jumeneng janten presiden RI. Tiasa janten republik ieu teh janten republik maen atanapi republik judi.
Urang sami-sami dungakeun sangkan Bang Ali dipasihan hidayah alam pikiranana. Dina Islam tos tegas yen sagala amal kahadean teh kedah asal-muasalna oge tina amal hade oge. Sok urang bayangkeun upami urang ibadah haji tapi artosna kenging ngarampok tinu sanes hakna. Kinten-kinten bakal ditampi moal. Logikana pasti moal ditampi ... Kitu ari pamendak sim kuring mah ... ----- Original Message ----- From: waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, March 30, 2005 11:57 AM Subject: [kisunda] Jaman geus robah --> RE:Ali Sadikin: Demi Judi, Saya Rela Masuk Neraka > > > Jaman geus robah, kitu cenah ceuk panganteur Majalah Tempo dina > wawancarana sareng Ali Sadikin. Robahna teh baheula mah di taun > 1978'an Ali Sadikin teh idolana budak ngora, utamina mah mahasiswa. > Waktos Ali Sadikin masihan kuliah Studium Genarale di Aula Barat > ITB, nu dikhususkeun keur tingkat akhir, eta aula teh pinuh sanes wae > kunu tingkat akhir tapi oge ku mahasiswa tingkat sahandapeunana, > kaasup kuring nu seseledek hayang terang jiga kumaha ari Bang Ali > teh. Mahasiwa teh sadayana jiga nu kasihir, jerempe teu aya nu > nyarios, ngan pas aya di dipanujuan, ger surak. Padahal mahasiswa ITB > di taun 1970'an kaasup mahasiswa panggalakna ka pejabat, lamun > pejabat nu teu dipikaresep, pas masihan kuliah SG teh, kalahka > ngadamel kakapalan tina kertas, teras dikalayangkeun, malah sok > rajeun aya nu keuna kana mastaka sang pejabat. Kantos aya > nu "pundung" ngagejlig kaluar, bari ngancam arek manjarakeun. > > Ali Sadikin di taun 1977 (saprakna liren jadi gupernur DKI) seueur nu > ngadorong-dorong supaya jadi Presiden RI, ngan henteu dimungkinkeun > dan anggota MPRna ditunjuk ku Suharto sadayana. > > Ide bang Ali perkawis judi sareng lokalisasi pelcuran di jaman > ayeuna, dijaman urang Indonesia leuwih laleket aribadahna dibanding > taun 1970'an (tiasa ditingali ku tambah seueurna masjid, peminat naek > haji anu henteu katampung), tantos ide Bang Ali teh kacida > kontroversialna. Tapi leupas tidinya, ucapan Bang Ali "Saya rela > masuk ke neraka", ceuk kuring mah leuwih nunjukkeun sifat ksatria > anjeunna, anjeunna sanggeum menderita sanajan tepi ka kudu asup di > naraka oge, asal rakyat nu dipingpinna ku anjeunna sejahtera. Jadi > leres Bang Ali mirip sareng syair sufi nu diposting Kang Oman. Di > jaman pamingpin jaman ayeuna nu leuwih mentingkeun pribadi, tong boro > asup ka naraka, dititah hirup didunya entong mewah teuing oge, mumul > alias ogah (malah menta gaji dtambahan 15 juta!). Ucapan Ali Sadikin > ieu mere conto, lamun jadi pamingpin kudu wani berkorban, eukeur > rakyatna, sanajan annjeunna kudu ........asup ka naraka! > > Tapi eta mah ceuk kuring ....... > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > --- In [email protected], "Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > leres teh Ina abdi ngarojong, audzubilahi min dzalik kedah ka > naraka mah,.... mugia dibukakeun hatena si aki teh, yen pamadegan > anjeuna teh lepat pisan... > > > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
