Di televisi dina acara Kriminal sering ditayangkeun (malah mah
sok "live") kumaha pulisi ngudag-ngudag ungkluk. Aya nu digedor
kamarna, ber .....lalumpatan, aya nu teu dibaju-baju acan. Bakating
ku sieun katewak aya nu ngajleng ka walungan, palid .....teu kapuluk
deui. Aya nu cingogo dinu bala, disorot ku lampu kamera TV, ukur
dibaju kaluhurna, kahandapna buligir ..... . Hate kuring ngajerit,
masya Alloh........Gusti, na geuning kieu nya supaya jalmi-jalmi sina
saladar teh. Tepi ka kudu disorot ku kamera, di era...era, diasupkeun
kana mobil bak terbuka, jiga domba garut. Na mani asa ku
teungteuinganan.

Sakapeung mah sok hayang protes, tapi duka ka saha, cik atuh televisi
teh tong pipilueun dina penertiban ungkluk mah, teu kudu disorot
kamera televisi, teu kudu ditayangkeun sabab eta teh sarua we
jeung "hukum rimba" di lembur, lamun aya nu ngalakukeun asusila teh
diarak ditaranjangan dibawa ka bale desa (anu masih mending da nu
nyaho ukur jelema sakampung, ari televisi mah ditongton dimana-mana).
Atawa memang urang teh sabenerna mah masih boga pola pikiran jaman
baheula, ngan pedah "dibajuan" ku alat-alat nu modern?

Baktos,
WALUYA









PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke