Ari si kuring mah nyikepan posting munggaran jejer ieu ti Kang ganjar teh 
salaku pepeling atawa panginget-nginget. Yen upama urang heunteu hudang jeung 
singkil nembongkeun jajaten jeug usaha anu soson-soson ayeuna tug nepi kaktu 
harita enggoning mulasara budaya Sunda, tangtu dina tahun 2300 teh budaya Sunda 
baris taya dikieuna.
 
Hal anu sarupa kungsi kaalaman ku si kuring waktu perang sabil na hate nalika 
narima beja yen Gn. Guntur arek bitu dina bulan Februari 2005 (ramalan atawa 
pangemut- dina wanda anu sajalur jeung anu ti Kang Ganjar ngeunaan budaya Sunda 
taun 2300 - ti hiji Kiai di Garut). Perang sabil antara naha eta beja teh terus 
disalabarkeun ka warga US ngalangkung internet atanapi disidem bae gayeumeun 
sorangan. Kalayan pamikiran yen eta ramalan kiayai teh mudah-mudaha aya 
hikmahna, nya lah-lahan bae disalabarkeun. Diantara anu jadi hikmah anu 
diharepkeun teh, sugan bae ku ayana eta warta/iber atawa pepeling 
panginget-nginget, sakumna urang Sunda - dina heunteu sadayana oge atuh 
sabagean gedena - usaha lahir batin sangkan eta kajadian teh heunteu tulus 
atawa dina tulusna akibatna heunteu pohara teuing (heunteu patos seueur korban).
 
Masih soal ramalan bituna Gn. Guntur nu kasebut di luhur. Kabuktian, Gn Guntur 
heunteu bitu sakumaha anu diramalkeun /diiberkeun samemehna ku ajengan tadi. 
Tapi teu nanaon, da taki-taki - lahir batin - eunggeus (mudah-mudahan bae 
kitu). Atuh cenah eta kadar nyalahan? ah teu nanaon da teu matak ngabaribinan 
atawa ngagareuwahkeun lantaran sifatna : ngiberan ti kaanggangan. Kana ramalan 
atawa pepeling samodel kieu mah nya si kuring teh miresepkeun, tapi ari kana 
rumu-ramal angka mah nya sakumaha Kang Kumi...hehehe...teu pati percaya.
 
Upami aya patarosan: "Naha tiasa alam handap mangaruhan "alam" / anu di 
luhur/pangluhurna dugi ka hiji "rencana" kajadian  tiasa robah jadi heunteu 
kajadian atawa ngurangan kadar kajadianana?" . Ieu patarosana merlukeun guaran 
panjang lebar pikeun ngajawabna. Namung, upama dibantun ringkesna, jawabanana 
teh : TIASA. Pangeran parantos ngabagi "taqdir" - garis ageungna- kana dua 
bagian: 1) "taqdir" anu definitif moal bisa dirobah (makhtum), upamana: sakabeh 
anu nyawaan baris ngalaman maot, 2) "taqdir" anu indefinitif atawa masih keneh 
bisa dirobah atawa "ghoer makhtum": upamana: gering atawa cageur,  gampangna 
urusan rizki, carana maot, jst. 
 
Kunaon dina dua keterangan di luhur eta kecap taqdir make tanda curek 
("taqdir")? sabab satemenna, sakumaha dina Al-Qur'an, aya istilah-istilah 
khusus pikeun rupa-rupa tingkatan papasten atawa taqdir. Ngan kusabab merlukeun 
katerangan anu tangtu baris nyontang waktgu jeung tempat anu panjang dina 
ngajelaskeunana (bari sabagean gedena mah, ketang, sieun loba teuing salahna 
bae anu nerangkeunana, nya disingket bae: "taqdir".
 
Sakitu nebana...patulayah dina Al Qur'an anu nuduhkeun yen manusa dipaparinan 
kasempetan - ku kakawasaan-Na jeung katangtuana-Na Pangeran - pikeun nangtukeun 
nasib dirina sewang-sewangan, geus teu kudu dicaturkeun deui. Malahan aya 
sari-sari "pembodohan" upama aya aliran dina agama anu sagemblengna masrahkeun 
urusan "taqdir" ka Pangeran, siga anu embung tanggungjawab tea. 
 
Rupina, dina takeran sakumaha katerangan anu rada panjang di luhur si kuring 
nyikepan pepeling Kang Ganjar ngeunaan (arek kumaha nasib urang Sunda) Taun 
2300. Mung Alloh anu uninga kana benerna bebeneran.
 
baktos,
manAR
 
 
 
 
 
 
 


kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Wahahahah....,

Enya bae, tong boro jaga abad ka-24, ayeuna ge geus pijugalaeun Si Uwa mah.

Ke ke... kahirupan abad ka-24 teh kumaha nya? Tong boro ngomongkeun
urang Sunda nu "leutik", Indonesia aya keneh kitu? Alam dunya ieu
masih keneh siga kiwari kitu? Boa-boa geus euweuh wates nagara, saalam
dunya geus hirup waluya bari runtut raut sadayana. Atawa geus tinggal
tutunggulan balas sakitu kali perang dunya?

ti hiji mekar ngarangkadak jadi rewuan, geus ngarangkadak ngariut deui
jadi hiji. Hidup Persigar!

sk

On Apr 2, 2005 1:53 AM, MSasmita wrote:
> Nu bakal beunghar mah dina taun 2300 teh sigana janggawareng, udeg-udeg,
> bao, gantung siwur turunan sim kuring lantaran di inyana aya buku basa
> Sunda, aya Kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg anu terbit 1862 ( kabeneran
> boga aslina), Priangan FW de Haan anu terbit 1910 4 jilid (kabeh ge aslina),
> Kamus Walanda-Sunda Colsma 1911 (asli alus keneh deuih) Ensiklopedi Sunda
> Ajip Rosidi, Sri Panggung, Carmad, Purnama Alam, Panji Wulung, Rengganis,
> Lain Eta, Si Kabayan Jadi Dukun, HHM jeung karyana, jste.buku sajarah ge
> aya.
> 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links








                
---------------------------------
Yahoo! Messenger
 Show us what our next emoticon should look like. Join the fun.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke