Hatur nuhun kana kintunana, alhamdulillah sim kuring tos tiasa maca naon anu janten harepan dina mangsa harita sok sanaos nembe saliwat. Hatur nuhun
MSasmita -----Original Message----- From: Rudy Setiawan [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Saturday, April 02, 2005 8:36 AM To: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Cc: [email protected]; [email protected] Subject: Poesaka Soenda (Juli-1922) *************************** Kalayan nyebat asmana Alloh. Haturan kumna baraya babakan! Kadang wargi nu dipikahormat, kapihaturan edisi munggaranna PS sasih Juli 1922. Sim kuring nyuhungkeun dihapunten bilih kintunan ieu PS teh ageung/ abot dina panampianana, da katingalina mah, kirang langkung dugi ka 3 - 4 megana PS nu insyaalloh baris di leukeunan pikeun dikintunkeun ka babakan tiap mingguna. Ieu mah saukur pamendak sim kuring : Sim kuring sapuk pisan sareng naon nu dipedar perkawis hak cipta sareng kamajengan YP, kukituna saukur pamadegan kuring ieu mah : 1. Satemena mun seug teh urang mibanda kayakinan Sunda (Kasundaan/Ki sunda) teh baris nanjeur deui di panca buana tengah ieu, nya panginten saenyana mah kudu sabilulungan tea. Enya, sabilulunga dina hartos sakamampu urang, sakajujur urang, saiklas urang tur sapihaneang. Kukituna jalaloka KUSnet (minangka puserna Komunitas Urang Sunda di Internet)lan YP teh panginten kudu urang rojong bae ku sarerea, urang kokolakeun ku cara sabilulungan minangkana mah. Samisal kadang wargi nu mibanda jalaloka pribados panginten tiasa nyantelkeun jalaloka KUSnet teh dina salah sahiji kacana, kitu oge jalaloka KUSnet oge dina salah sahiji kacana teh ngaitkeun ka jalalokana nu dipibanda ku kadang wargi. Kantos ngalongokan sababaraha kadang wargi nu mibanda nu ngaitkeun KUSnet ka jalaloka pribadosna, meuni reueus ningalina, asa aya sumanget kareueus kana kasundaan. Ayana silih pakaitan antawis jalaloka KUSnet sareng jalaloka kadang wargi atanapi kasundaan oge ki sunda nu lianna panginten tiasa janten salah sahiji cara nyumebarkeun kasundaan urang. 2. Si kuring oge asa sok hanjelu saban ningali kaayaan jalaloka KUSnet teh, ningan asa teu usik! Panginten pikeun ngusikeun ieu jalaloka teh kudu sabilulungan tea , samisal dina tiap kaca teh aya nu ngokolakeun sasewangeunna saperti dina kaca Kasundaan, kaca Kamus-online, kaca inohong,jste. Sim kuring dina waktos-waktos ieu mah panginten teu acan tiasa ilubiung , tapi insya alloh upami hancaan ieu PS teh parantos rengse kuring oge seja ulubiung dina ngokolakeun jalaloka KUSnet sangkan aktif. 3. Perkawis salinan PS teh panginten dikintunkeun bae ka YP, nu maksadna pikeun pangeusi kencleng YP (dina ijin/ beaya ngagandakeun PS atawa naon bae nu lianna-kumaha tah Kang Ganjar sareng nu lianna dina perkawis hak ciptana???) 4. PS nu insyaalloh dikintunkeun tiap minggu teh panginten samentawismah di kintunkeun ka KUSnet bae pikeun diaos mah, jadi jalaloka KUSnet oge tiasa katingali hirup (salajengna insyaalloh urang baris digitalisasikeun ku dipupuhuan ku MH (hapunten Mang!)) Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih kirang merenah, saukur panimu! Neda pangapinganana ti balarea! Tansah, -pun adi- ***************** __________________________________ Do you Yahoo!? Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. http://promotions.yahoo.com/new_mail PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
