tahun 2300 mah panginten aya dipayun nya. sanes tahun kiwari atanapi tahun
kamari anu parantos kalangkung. Hoyong noong urang sunda di tahun 2300,
hartosna meureunan teu langkung kumaha milampah urang sunda tahun ayeuna. sabab
cek jalmi pinter mah moal aya ayeuna, pami teu aya kamari, lan moal aya isuk
pageto pami teu aya ayeuna.
Jadi isuk pageto urang sunda sakumaha lalampahan urang sunda dina montonkeun
lan ngamumule budaya ka-sundaan di jaman kiwari.
Ari jaman kiwari tos katelah jaman GLOBALISASI.
Ari cek sajarah mah teu aya jaman Globalisasi teh.
Anu aya jaman dominasi - AKuisisi - Kuasai.
Jadi pami ayeuna urang sunda bagea pisan nyambut globalisasi, teras ulubiung,
icikibung, poho ka lembur, poho nyepeng siwur, poho ka dulur, tinggal
ngantosan we iraha bade REKREASI KA SITUS URANG SUNDA.
Dina catetan sajarah rebutan dominasi ROMAWI - PERSIA, YUNANI - MESIR (FARAO),
INGGRIS (lautan) - PERANCIS ( eropa daratan), USSR - USA.
tah sarengsena USSR kalah dina "perang dingin" ayeuna muncul istilah
GLOBALISASI.
Jdi tos jentre pisan saha anu ngumandangkeun eta istilah, nya pamenang "perang
dingin, polisi dunya ayeuna, USA. dina raraga maksad nguasai dunya, ng-dominasi
kedah aya jargon, nyaeta Globalisasi.
Sateuacana kedah aya "Conditioning Market", teras dominasi market, teras
dominasi sadaya lan sagalana.
Palebah conditioning market eta salah sahiji bentukna wargi (etnik) samodel
SUNDA, kumaha sangkan teu aya rasa "bangga" ngamumule budaya sorangan. anu
ahirna teu aya alias sirna eta budaya etnik teh.
Jadi dina raraga noong urang sunda tahun 2300 Hayu urang ronjatkeun budaya
sunda jaman kiwari, sangkan isuk pagetona urang sunda masih keneh ngaropea
budaya sorangan.
cag heula
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wahahahah....,
Enya bae, tong boro jaga abad ka-24, ayeuna ge geus pijugalaeun Si Uwa mah.
Ke ke... kahirupan abad ka-24 teh kumaha nya? Tong boro ngomongkeun
urang Sunda nu "leutik", Indonesia aya keneh kitu? Alam dunya ieu
masih keneh siga kiwari kitu? Boa-boa geus euweuh wates nagara, saalam
dunya geus hirup waluya bari runtut raut sadayana. Atawa geus tinggal
tutunggulan balas sakitu kali perang dunya?
Taun 2300 teh ukur 12 turunan deui, teu lila. Naha aya keneh urang
sunda? Aya kamungkinan basa Sunda geus musna, sabab wates2 sekeseler
geus musna ku ayana pacampuran antarbangsa. Saalam dunya geus ngahiji.
Sekeseler geus teu bisa dibedakeun, sabab kawin campur geus mahabu ti
ahir milenium kadua keneh, sahingga beuki ka dieu basa nu diajarkeun
teh nu praktis bae, nu dipake ku umumna warga dunya nu ngawasa
tehnologi.
Jaman baheula, manusa sumebar ka sakuliah dunya sakarepna sakarepna.
Lajeng masing2 ngembangkeun basa di masarakatna, jadi bae basa Sunda,
basa Inggris, basa Latin, basa Jawa, basa Cina, basa Arab, jsb.
Jaman beuki maju, jelema beuki motekar. Bangsa2 nu papisah rewuan taun
papanggih deui, ngahiji deui. Sakabehna milih basantara (lingua
franca) nu bisa dipake babarengan.
ti hiji mekar ngarangkadak jadi rewuan, geus ngarangkadak ngariut deui
jadi hiji. Hidup Persigar!
---------------------------------
Yahoo! Messenger
Show us what our next emoticon should look like. Join the fun.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/