Ti kaping 25 dugi 27 Maret kamari, di Paris aya International Paris Open Pencak
Silat anu diayakeun ku Asosiasi Pencak Silat Prancis. Lumayan oge pamilonna aya
kana 15 nagarana, diantarana wae Jerman, Walanda, Rusia, Jepang, Malaysia,
Suriname, Itali, Filipina, Prancis jsb. Indonesia mah teu ngiringan
pertandingan -- tapi demonstrasi wungkul. Atoh pisan ngad�ng� aya rombongan ti
Indonesia t�h, komo cenah anu r�k d�monstrasina penca ti tatar Sunda. Nyaan w�
anu norojol t�h urang Bandung, Garut jeung Majalengka. Ngabayangkeun, baris
ngad�ng� tepak kendang, "keung" na kempul jeung t�r�t�tna taromp�t dina tepak
dua atawa tepak tilu ditutup ku padungdung. Sok sanajan kendangna aya,
taromp�tna aya, tukang kendangna aya, anu ngibingkeunana urang lembur, bari
jeung ibing Sunda, tapi teu kalaksanakeun naon anu dibayangkeun t�h. Anu
dipagelarkeun, tatabeuhan sababaraha instrum�n (campuran) ti sababaraha da�rah.
ceuk bahasa gayana mah sabangsa "komposisi". Tepak kendang Sunda teu aya sama
sakali, �stuning badingkut t�h enyaan. Barang ditaroskeun ka anu ngibing ku
naon bet kitu, jawabna t�h atuda ieu mah misi nasional, san�s misi Jawa Barat.
Leres ari kituna mah, ngan �ta ceuk tadi g�, naha enya anu disebut kabudayaan
nasional t�h kudu badingkut, ngagabungkeun instrum�n ti sababaraha da�rah, bari
jeung tungtungna teu jelas identitasna. Kapan kabudayaan nasional t�h,
puncak-puncak tina kabudayaan da�rah. Lamun di da�rah aya kabudayaan anu geus
nepi kana puncakna saperti kendang penca -- naha san�s �ta w� betot w� anu
dibetot jadi budaya nasional? Tambihan, Minggu ping 3 April kamari aya deui
pagelaran penca t�h. Anu ngibingna urang Prancis, piriganna san�s deui, nya�ta
lagu kroncong ........................
---------------------------------
D�couvrez le nouveau Yahoo! Mail : 250 Mo d'espace de stockage pour vos mails !
Cr�ez votre Yahoo! Mail
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/