Wilujeng MJ, parantos kenging pancen anyar di Itenas anu sakitu muliana, pinuh tangtangan oge kasempetan ageung, oge strategis. Hatur nuhun Kang Sukana, pedaran maksud Humas anu sakitu munelna. Sakumaha pedaran ti Kang Sukana, ringkesna Humas teh panginten "marketer"-na dina hiji organisasi. Dina harti anu sawanda, pancen Humas teh oge ngaharib kana fungsi "show room" upama dina jualan mah. Hade gorengna citra organisasi baris kapanggih atawa kapintonkeun mimitina ku sikep atawa persepsi tamu eta organisasi anu kapendak atawa katarima ti humasna.
Ngeunaan buku rujukan, sapuk. Anu utama keur humas, sigana buku-buku ngeunaan psikologi, khususna psikologi komunikasi. Buku karya Kang Jalal (Drs. Jalaluddin Rakhmat) anu judulna "Psikologi Komunikasi" (anu geus dicitak puluhan kali) kalintang saena keur pangaweruh psikologi manusa dina "berkomunikasi". Keur mah deui eta buku teh karya US anu kungsi jadi asisten mata kuliah retorika i salah sahiji paguron luhur kawentar di Amrik. Ngeunaan buku "You Ok I am Ok" MJ teu kudu meuli, aya di pabetekan di rorompok. Seug bae rek diinjeum mah (tukeran ku nginjeum novel MJ anu anyar, meunang? hehehe). Puguh tadina mah meuli eta buku teh keur si cikal, sugan teh materina keur rumaja, geuning beurat teuing keur rumaja anu karek kelas 3 smp siga si cikal mah. Buku nu sanesna anu dinasehatkeun ku Kang Sukana sigana sae, sok sanaja si kuring can kungsi maca. Aya deui buku anu sanes anu sigana wajib dibaca ku saha bae anu pancen humas, nyaeta: "Seven Habit"-na karangan Covey tea (tapi buku ieu mah sigana MJ geus maca). Sakitu bae, wilujeng. baktos, manAR On Apr 6, 2005 1:35 PM, SUKANA <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Saderek MJ anu pejabat HUMAS wilujeng , ngiring bingah > Tugasna dinbagi dua > 1. Internal Relation pikeun janten katalisator/ corong unit organisasi > atanapi perusahaan di internal (di jero organisasi) > 2. External Relation pikeun janten katalisator/ corong unit organisasio > atanapi perusahaan ka external (luar organisasi) > ieu tugas teh kalintang strategisna kumargi kedah tiasa ngadugikeun sagala > informasi/ kawijakan atanapi peraturan unit organisasi/ perusahaan boh di > intern atanapi ka pihak ekstern (unit organisasi atanapi perusahaan > lianna). > kukituna elmu anu kedah diteuleuman teh nyaeta diantawisna anu dadasar mah > ieu: > Komunikasi Massa , Psikologi Massa, Transactional Analysis ( You OK I am > OK), Risk Management > jrrd. > sakitu bae heula > Wilujeng tepang deui saparantos KOPDAR di acara Milangkala Mang Ayip > Rosidi > ngarencangan Ua Sas > Wassalam > Kang Haji Tea > > ----- Original Message ----- > From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Wednesday, April 06, 2005 11:13 AM > Subject: [Urang Sunda] ari humas teh naon? > > > > > > > > > baraya sadayana, aya nu kantos ulubiung dina humas? hubungan masyarakat > > atawa sabangsa publix relation. > > cik bejaan si kuring, naon bae ari garapan humas teh. > > > > naha kitu? > > > > puguh ieu teh meunang pancen jadi kepala humas itenas ti 1 april kamari > > nepi ka agustus taun 2007. > > > > rencana teh ke sore rek ka gramedia neangan buku soal perhumasan, sugan > aya. > > > > > > > > mj > > > > http://geocities.com/mangjamal > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
