Saleresna mah seueur oge urang Sunda anu ancrub dina politik, ngan duka sok jadi "anak bawang" wae atanapi ukur jadi pendukung. Duka masalah budaya nu rada beda jeung seler sejen atanapi duka kumaha. Ari kuring mah ningali urang Sunda teh lamun jadi birokrat (+ militer) atawa hakim sok leuwih punjul ti batur. Aki ALi Sadikin ceuk kuring mah leuwih tepat disebat birokrat sanes politikus. Aya deui hakim agung anu wani ngabulkeun gugatan rakyat di bendungan Kendungngombo di jaman Suharto. Eta hakim anu wani beda ti batur teh, urang Sunda. Benyamin Mangkudilaga oge anu wantun mangmeunangkeun Majalah Tempo waktos di Breidel oge urang Sunda. Dina widang Militer oge pon kitu, aya sasabaraha jenderal urang Sunda nu kaasup jenderal anu berkarakter.
Tapi upama jadi politikus urang Sunda mah jiga nu teu bisaeun. Duka kirang palinter nyarios panginten. Ieu tiasa ditingali dina profesi pengacara, rarasaan mah teu aya pengacara urang sunda anu kasohor, rata-rata pengacara kasohor sanes urang Sunda. Urang Sunda nu jadi politikus jiga Sarwono Kusumahatmaja atawa Rahmat Witoelar kirang mucunghul, tapi relatif gaduh predikat politikus "bersih" sanajan parteyna ti Golkar oge. Politikus Sunda nu aya di DPR, umumna caricing wae, ngabaretem, beda jeung ti seler sejen, nu resep nyarios, rek bener atawa rek salah, beletak weh nyarios ka mana-mendi, ngotot deuih. Jigana, ieu mah jigana, sifat urang sunda anu teu resep "ribut" kedah rada dirobah, contona barudak kedah dididik wantun debat, pasea parea- rea omong. Keun we tong disapih, kakara disapih upami ........bade gelut. Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Asep Dedi Suhendra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- In [EMAIL PROTECTED], "Asep Dedi Suhendra" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Haturan deui bae.....,Baraya. > > Lamun nilik kana kamajuan dina widang politik di Indonesia memang > rada > ngagumbirakeun, utamanamah kuayana jaminan ti papayung hukum keur > bebas nepikeun ujaran pamikiran boh ti budak satepak atawa ti ki > kasepuhan asal geus masagi dina pamikirannana, kaduana mukana lawang > keur demokrasi partai anu teu aya wates asal bisa nyubadanan sarat- > saratna. > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
