Haturan Kang Waluya, Kang tirta, juragan kuncen...., Muhun sapuk pisan perkawis ngajar debat ka budak anu make rasio atanapi logika ti nuju alit, sim kuring sok noongan urang dieu kumaha wangkongan antara budak jeung kolotna, maranehna teu leupas ti pananya; Naon, naha, jeung kumaha, di salarskeun jeung bahasa budak anu kakarek di ajar mikir. Kang Oman.., muhun etateh kang, dina jangka dua taunan ieu teh didieu nuju usum pisan, ide2 anu tos ngarah kana kalakuan sato, nuju mahabu pisan, neangan nafkah ku ngajadikeun barudak ABG dijadikeun OByek kanggo pornografi, sok sanajan aya anu teu dihaja, atawa dihaja (susulumputan tina iseng/heureuy di mangfaatkeun di komersilkeun anu antukna kadang jadi perkara di pengadilan antara kolot barudak jeung pihak anu ngedarkeun/nyieun klip tea. Gening kahariwang teh geus jadi kanyataan,gancang pisan nyebarna ieu trend anu garejul teh, komo deui ABG mah nuju meujeuhna pisan ,babari di pangaruhan lamun teu aya didikan anu kuat ngeunaan kaagamaan ti para sepuh-na mah. Sapuk pisan perkawis lengkah2 praktis anu kedah di lakukeun ayeuna pisan sakumaha kasauran kang Oman, sa encan telat. tapi kumaha perkawis hukum di lembur, kaetang ketat henteu kanggo neken mekarna trend anu garejul teh? bawi raos saur sim kuringmah ieu teh ka etang msalah anu urgent kanggo ais pangampih, supaya ngayakeun tindakan anu ketat kanggo nyebarna kagiatan ieu. Baktos Oeking-FL --- In [email protected], oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sigana ieu mah ku kamajuan teknologi informasi jeung nasib anu pancen dina > widang data sareng informasi, ti mana bae sok meunang warta, boh beja > (bacaan), audio (dedengean) atawa kombinasi duanana jeung gambar > (audiovisual) ngeunaan sagala rupa, ti mimiti anu penting, pikaresepeun, anu > diteangan atawa pikamelangeun. Anu seja disalabarkeun ayeuna teh ngeunaan > audio pikamelangeun ngeunaan "kamekaran" rumaja urang, sok sanajan keur > sabagean anggota milist, anu sarupa kieu teh tangtu lain beja anyar. Anu > dipiharep, teu aya sanes sangkan ieu warta teh jain bahan pieunteungeun. > Isuk-isuk keneh, ka si kuring geus aya anu laporan bari nembongkeun conto > audiovisualna, saruntuyan gambar-gambar barudak SMA anu > keur--Nau'ddzubilaahi min dzaalik, pamugi barudak katurunan urang mah > disalametkeun tina laku sarupa kitu--nembong-nembongkeun auratna, nepi ka > bulucunna. Enya, sakumpulan budak SMA aya 3-4 urangna, ngahaja > nyngkab-nyingkabkeun bajuna tug nepi ka bulucunna di kamar mandi. Eta teh > barudak SMA di Jakarta cenah. Dunya memang geus owah. Urang teruskeun > lalaunan ngaguarna. > Keur anu sok laha-loho kana alamat situs-situs sarupa kitu, ieu beja teh > lain beja kamari sore. Enya anu nyieunan gambar-gambar /video teu uni anu > bentangna barudak sakola teh geus ti beh ditu keneh aya malah kawilang loba. > Ngan, ku ayana beja anu ieu tadi isuk-isuk, tetela laku sarupa kitu teh > ayeuna geus bisa disebut terang-terangan. > Ceuk anu mere beja tadi, cenah ayeuna di kalangan barudak rumaja SMA jeung > industri per-video-an (anu tangtu bae ilegal) ayeuna di Indonesia geus > mimiti atawa aca kacondongan (trend) mahabuna nyieunan video klip porno anu > durasina parondok (heunteu kungsi samenit). Teu rek kitu kumaha, biayana > kawilang murah, cenah, ukur sajutaan. Tujuanana, teu aya deui iwal ti > kaperluan dagang tea, alias jualan birahi. Eusina, heunteu ari nepi ka > cawokah pisan alias mintonkeun adegan hubungan badan mah, tapi sarupa > pangbibita keur boss-boss anu kabeukina nu kararitu sigana. > Duh Gusti, melang teuing ka barudak rumaja bangsa urang. Ekses tina > kamekaran dunya industri-globalisasi-IT jeung lemahna moral oge tikusrukna > paekonomian bangsa jeung panalinga kulawarga nepi ka ngabalukarkeun sarupa > kitu. Kukituna, mugi iber ieu jadi hiji "warning" panginget, sangkan urang > -utamana anu tos gaduh barudak mangsa ningkat kana rumaja atawa keur > meujeuhna rumaja - carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket. Pamugi > urang sadaya, khususna anu icikibung dina milist bae heula, tiasa ngajagi > kulawargana sewang-sewangan sangkan heunteu ragrag kana kaayaan sarupa di > luhur anu kacida pikamelangeunana. > Aya sababaraha tips anu bisa dijadikeun lengkah-lengkah panghulag pikeun > ngajaga kulawarga tina eta kamaksiatan anu balukarna lain bae keur anu > ngalakonana, tapi oge kulawarga jeung lingkunganana. Hapunten, ieu tips teh > make rumus "saka" bae heula, alias sakainget. Ke manawi aya waktu luang > urang nyusun anu ngentepna): > 1) Salawasna kudu ngayakeun komunikasi jeung barudak. Satiasa- tiasa, urang > kedah terang barudak keur aya dimana nalika maranehna keur di luar imah. > Upama anjeunna dihubungan dina HP manehna keur aya di anu, di anu, urang > ulah kitu bae nampi, kudu ngayakeun pamariksaan. Pamariksaaan teh upamana > (urang nanya ka budak): "Coba anjeun nelepon tina telepin imah atawa wartel > anu deukeut di nya ka HP bapa/ibu", jst > 2) Upama lingkungan sakola barudak teh lingkungan anu jegud, diantara > babaturanana aya anu bogaeun alat-alat mewah sarupa handycamp atawa HP anu > bisa moto, ulah waka gumbira. Talingakeun lingkunganana, saha bae babaturan > eta babaturan barudak, naon bae anu diobrolkeun jeung dilakukeun ku > maranehna saba'da rengse diajar di sakola, ka mana trend arulinna, jsb, > 3) Pake model komunikasi emotional quality. Dina ngobrol jeung barudak, > peupeujeuh kolotna teh ulah nempatkeun salaku kolot anu sagala nhyaho, > sagala rupa pangbenerna, alias model indoktrinasi. Samemeh nyieun intruksi > atawa ngayakeun katangtuan pikeun barudak, teuleuman heula naon masalah > atawa kasusah maranehna, naon anu jadi kahayangna, jrrd. Ti dinya tuluy > lalaunan urang ngayakeun diskusi anu engkena urang kalawan teges ngebrehkeun > naon anu jadi kahayang urang anu sae ka maranehna. > 4) Reujeungan hiji ancaman atawa hukuman ka barudak dina mangsa- mangsa > ngalakukeun ka salahan ku pangajen atawa "penghargaan" upama maranehna > nyieun prestasi kahadean. Ceuk dina Quantum Learning, satiap kasuksesan > barudak urang, sakumaha bae oge leutikna, eta kudu dirayakeun (celebrate). > Urang mah salaku ummat anu nyangking agama lengkah sarupa kitu teh tos aya > wadahna, nyaeta syukuran tea. Kudu syukuran atawa celebrate urang kana naon > bae sukses prestasi barudak urang sakumaha bae leutikna (kaasup syukuran > ulang taun tea kalawan dituturuskkeun kana kahadean); > 5) Salawasna ulah petot-peto nyieun kahadean sakumaha bae leutikna sareng > ngadu'a kalawan eta kahadean jadi wasilah, wasilahna sangkan kahadean urang > teh jadi sarupi pangjaga, ka urang jeung kulawarga urang, tina naon rupi > hawa jahat anu narik-narik tigebrus kana jurang kahinaan. Teu aya sanes, > amal sholeh ka papada manusa teh eta benteng pangkuatna dina ngajaga > kahirupan sangkan salamet nepi ka anu dituju. > Hapunten, sanes mapatahan ngojay ka meri, jalaran sami si kuring oge nuju > diajar jadi kolot. Ieu mah darma nalepakeun ka melang bae. Hirup mah > sadayana oge diajar, hirup anu sakali teh kudu sakali jadi da moal aya > ulangan hirup deui di dunya pikeun ngahadean naon anu geus salah. Pilihanana > ngan aya dua (kalawan anu katilu mah abu-abu tea): sakali jadi dina kahadean > atawa sakali jadi dina kagorengan. Pilihan sejenna anu katilu: eta mah anu > abu-abu alias campur (nya sakurang-kurangna upama masih seueur anu hadena > mah masih lumayan). > Hayu urang silih do'akeun sangkan katurunan urang-kahayang mah kulwarga > saalam dunya-leupas tina rupa-rupa kajahatan. > Baktosna, > manAR > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
