Para wargi,
Taun 2002 sim kuring diperedih ku Sdrk. Ubun Kubarsyah seniman sesepuh
Dasentra, pikeun ngadamel rumpaka lagu dina raraga pagelaran "b�ntang" Sinden
di Taman Budaya Jawa Barat (diantawisna anu magelaran t�h juara pasanggiri
sind�n di Subang). Duka ku naon, sim kuring bet asa kaid�an ku "internet";
janten w�h �ta lagu t�h ngeunaan internet, sok sanajan dijudulan "Kulu-kulu
Jagat Anyar". Rumpaka tos disanggi ku sdrk. Ubun, janten tos janten lagu --
malihan mah dipagelarkeun pisan dina �ta acara.
Neuleuman paguneman urang sunda di internet ayeuna, asa payus upami ku pribados
�ta rumpaka t�h disanggakeun og� ka masyarakat urang sunda di internet. Malihan
upami mah disaluyuan sareng utami na mah dianggap pantes, situs Kusnet teh
dibukana ku laguna anu ieu. Hatur nuhun.
KULU-KULU JAGAT ANYAR
Ku: Ganjar Kurnia
Mukakeun lawang saketeng
Dunya �br�h salegana
Teu dikelir teu diwates
Atrat netra saeusina
Dunya kawas ngaheureutan
Kalangkang ti tungtung ditu
sagilek aya di dieu
Omong ukur ngaharewos
ngeundeurkeun sajaladria
Ka angin nu ngahiliwir
Panganteurkeun ieu sora
Kulu-kulu enggeus kolu
mo eleh ku Gatotgaca
Ngalalana jomantara
Rek nurutan Anterja
Nyuksruk bumi ka tungtungna
Dibekelan ku pakarang -- meunang nginjeum ti Arjuna
Hate panceg istiqomah � nurutan pangersa Bima
Bari tetep suka bungah � kapan sobat Astrajingga
Gan .....
Dunya henteu ngaheureutan
nu heureut mah horeng panemu urang
legaan mangka legaan
sok bisi kalindes jaman
Gan ......
dunya lain kotak wayang
nu anjog ukur ka gebog
legaan lengkah legaan
urang ulah kurung batok
Gan .....
Jagat anyar nangtang urang
Lawanan tuluy igelkeun
Cigadung, 3 Mei 2002
---------------------------------
D�couvrez le nouveau Yahoo! Mail : 250 Mo d'espace de stockage pour vos mails !
Cr�ez votre Yahoo! Mail
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/