Bagea Kang Dudi, oge baraya sadayana,
 Satadina mah moal buru-buru ngiberan naon rupa unak-anik ngeunaan Yayasan 
Sawalabumi (YSB), kalebet visi, misi jeung wewengkon garapanana. Teu aya 
sanes, jalaran nembe borojol pisan YSB teh, isin teu acan ngagaduhan karya 
sakedik oge alias nembe maksud jeung paniatan. Namung, saparantos diemutan 
deui, kaimpleng heunteu aya lepatna, malih tiasa janten aya saena, upami 
dina sasih-sasih munggaran babar teh YSB oge ngabewarakeun kalahiranana, 
etang-etang iber syukuran kalahiran.
 YSB teh nembe ngadeg katompernakeun taun 2004 numutkeun akte notaris mah. 
Namung, ari rarangkay, kalebet babadamian sareng sasayogian nyusun 
"perencanaan stratejik"(PS)-na mah tos aya sataunna langkung. Nya dina lebet 
PS YSB ieu aya ngaringkel visi sareng misi YSB tur garapan-garapan anu 
dipayunkeunana dumasar udagan visi sareng misina tea. Kalebet program taun 
ieu nya ngaropea PS YSB sangkan leuwih seukeut sareng nyata cara ngukur 
akuntabilitasna.
 YSB diadegkeun ku sababaraha kalangan aktivis kabudayaan anu ngawengku 
sadaya unsur budaya, diantawisna: religi-ajen inajen hirup, atikan, 
teknologi, basa, kasenian, sajarah, lingkungan hirup anu visina sami, nyaeta 
gawe bareng (sawala) ti sakabeh unsur kahirupan pikeun mulasara lingkungan 
(bumi urang). Ringkesna: sawala dina mateakeun (memberdayakan; empowerment) 
kabudayaan (ngawengku unsur-unsurna sagemblengna) pikeun mulasara 
lingkungan. Nya eta minangka visi YSB teh. 
 Upama ditimbang taraju tina 3 ajen-inajen mataholang kabudayaan Tatar 
Sunda, sigana wewengkon garapan YSB teh aya dina ajen-inajen poko anu 
katilu, nyaeta mulasara Kabuyutan tea kalawan mateakeun sagemblengna 
unsur-unsur kabudayaan anu aya. Leres, sakumaha maksud Kabuyutan anu jembar, 
nya wewengkon garapan YSB teh ngawengku taneuh boh sareng sagala rupin, boh 
anu di luhureunana atawa di lebetna (ceuk sakaol: widang agraria anu 
jembar). Ngeunaan anu 9, mugia Kang Dudi tiasa ngaguar langkung paos, rumaos 
si kuring teu acan dugi ka dinya.
 YSB diadegkeun ku sababaraha inohong anu manukna dina widang kabudayaan 
sareng lingkungan hirup. Diantarana: Prof. Kusnaka Adimihardja, Prof. Mubiar 
Purwasasmita, Drs. R. H. Hidayat Suryalaga, Ir. Oca Mintareja (Kang Oca), 
sareng nu sanesna. Si kuring sorangan anu lain manukna dina widang naon bae 
oge, siga lauk buruk milu mijah, kaparengkeun ngiring ngabidanan 
kalahiranana. 
 Anapon anu ngurus sapopoena (pangurus samentara sateuacan ditetepkeun) nya 
dulur-dulur urang ti sababaraha organisasi kasundaan. Diantawisna, 
rengrengan anu ti payun kantos gawe bareng dina bungkusan komunitas 
sundanet.com <http://sundanet.com> dina garapan "Sosialisasi Tata Ruang DAS 
Citarum Hulu Pendekatan Budaya", singketna: "Sosialisasi Kabuyutan Citarum" 
tea (Ir. Yustiaji saparakanca).
 Rupina sakitu heula guaran perkawis YSB, bilih nyontang teuing tempat. 
Kapayun, manawi pareng, urang teraskeun deui kana guaran misi sareng 
program-programna (PS-na tea).
 Cag.
Baktosna,
manAR
 On Apr 6, 2005 4:26 PM, dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
> Haturan Kang Oman, 
> sim kuring mah sanes bade ngabantos Gmail da teu ngartos, tapi bade 
> tumaros perkawis yayasan eta "Yayasan SAWALABUMI" (sawala = badanten, 
> diskusi; Bumi = taneh, lemah, imah, dunya, geo, anu mana?) ngawengku dugi 
> kamana? umum atanapi khusus geologi wungkul? raraosan mah pihatoseunana teh 
> "ngokolakeun taneh/lemah dugi ka jero-jerona (eusi-eusina) tea, eta mah 
> kalebet salah sawios tina anu 9 (salapan) tea, Kang!? angka 9 (salapan) 
> nyoko kana salapan wawakil tea. 
>  Wassalam, 
> dudi_ss
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
> 
> 
> ------------------------------
> *Yahoo! Groups Links*
> 
>    - To visit your group on the web, go to:
>    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>    - To unsubscribe from this group, send an email to:
>    [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>    - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke