Haturan Kang Sulkan,
 Hapunten anu kasuhun, si kuring nembe tiasa ngawalonan patarosan-patarosan 
salira ngeunaan KalaSunda, kitu oge tos kairong moal nyugemakeun jawaban 
teh. Jalaran si kuring sanes ahli dina widang kalaider (kalender), ieu 
jawaban teh badaratna bae sareng ukur mangrupi pituduh kamana saterasna nya 
tataros (ka anu ahlina), pamugi maphum.
 Ngeunaan pasaran, KalaSunda ngagaduhan poe pasaran sorangan anu benten, boh 
sareng pasaran kalender sistem Hijriah/jawa atanapi sistem Masehi. Kukituna, 
tangtu bae kaping 8 April 2005 pasarana dina KalaSunda benten sareng pasaran 
anu umum (kalender sistem Hijriah Jawa). Kumaha bentenna eta pasaran 
KalaSunda, sumangga pariosan bae website KalaSunda di alamat ieu:
http://members.tripod.com/~INUG/Caka.htm Atuh upami masih keneh aya 
patarosan, sae urang naroskeun ka anu nyiptakeun eta kalaider, nyatana Abah 
Ali Sastramidjaja (telepon: 022-2002110). 
 Saterasna, patarosan-patarosan sakumaha anu kungsi ku sim kuring 
disodorkeun ka milist oge dipairan ku Kang Dien, ngeunaan pamariosan tanggal 
babar, hijrah sareng pupusna Kangjeng Nabi Muhammad saw anu ceuk hadist mah 
sami, nyatana kaping 12 Robiul Awal (kalender sistem Hijriah), tangtu bae 
eta oge tiasa dipaluruh atanapi diparios ku KalaSunda. Pikeun hal ieu, Abah 
Ali parantos midamel hiji daftar pananggalan anu ngawengku ti ngawitan tahun 
1 KalaSunda (= 74 Masehi) dugi ka ayeuna. Mangga, aya waktos manawi pareng 
urang tepang di kantor bae kanggo mariosan eta pananggalan anu jadi 
patarosan.
 Baktosna,
manAR
 

 On Apr 5, 2005 11:58 AM, Sulkan, Muhamad (AD&D) <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote: 
> 
> 
> Nu janten permasalahan dina Kalender Soenda ieu nyuhunkeun bongbolonganna 
> ti akang, teteh sinareng sepuh sadaya di kisunda atanapi Urangsoenda, pamugi 
> ulah ngajantenkeun rengat manah kasadayana makloem sim abdi nembe diajar 
> kana ngaos kalender soenda.
> Sakali deui nyuhunkeun bantosanna kawargi sadayana, kumargi kaleresan sim 
> abdi aya karerepet dina ngawaler perkawis dinten pasaran nu aya dina 
> Kalasoenda sareng Kalender masehi atanapi hijriyah.
> Punten sakali deui ieu mah bade ngariweuhkeun kasadaya wargi nu parantos 
> ngagaduhan Kalasoenda, nyuhunkeun diperhatoskeun dina dinten jum'at enjing 
> ping 8 april 2005 naha bet benten dinten pasaranna (kaliwon kanggo dina 
> masehi sareng hijriyah, tapi dina kalasoenda sanes).
> 
> Hatur nuhun sateuacanna.
> 
> Baktos,
> 
> [EMAIL PROTECTED]
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke