Baraya,
Teu kakantun ngiring belasungkawa ka Kang Yaya, ku parantos ngantunkeunana
anu janten raka di Sumedang, dina dinten saptu kalangkung. Nampi warta ti
anjeunna langsung ngalangkungan sms. Sayaktosna, aya duaan anu kawilang
pakait caket sareng Kang Yaya anu sami tilar dunya dina waktos anu heunteu
patos benten. Anu kadua, wargi Kang Yaya katalian ti rakana almarhumah anu
di Tamansari, Bandung (ngantunkeun taun kamari), oge ngantunkeun dinten
mingguna di Jakarta. Kukituna, Kang Yaya dina minggu-minggu ieu teh nuju
kalintang aya dina mangsa-mangsa sedih kingkin. Pamugi bae anu
dikantunkeunana, nyatana Kang Yaya sareng sakulawargi, aya dina katawekalan;
pon kitu deui anu ngantunkeun, ditampi iman-islamna ku Pangeran anu Maha
Welas tur Maha Asih. Amin.
Alhamdulillah, dina lebet saminggu ieu tepang sareng Kang Yaya teh tilu
kali. Anu kahiji, dina dinten Salasa anu kalangkung, tepang di Jakarta.
Ngahaja si kuring sareng Kang D, nepangan anjeunna di Hotel Melya, jalaran
aya urang Korea anu teu tiasa angkat ka Bandung. Acara anu ieu mah teu aya
lian ti wawanohan sareng urang Korea anu nepangkeun Neng Xanthirrizha ka
abdi sareng ka Kang D. Saha ari Neng Xanthirriza teh? engke bae urang guar
dina posting anu bade dongkap, Insya Alloh.
Kaduana tepang deui di Bandung, di warnet, malem senen kamari. Si kuring
ngadugikeun sample titipan Kang D, pakait sareng urusan Neng Xanthirrizha.
Atuh anu katiluna tepang di statsiun KA Bandung, ngahaja nyusulkeun
oleh-oleh kanggo Kang Yaya, ti Team Neng Ahira, mangrupa CD.
Ayeuna katawis Kang Yaya parantos ol deui, hurung dina YM-na. Wilujeng.
Baktos,
manAR
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/