Baraya,
 Bilih nuju bararaeud, mangga ieu ubar baeud, landong murukusunu kitunan ti 
Kang Nana Munajat, ahli tari Sunda:
  
Landong Baeud 1 

Ku : M. Nana Munajat Dahlan 

*Budak Ngado'a* 

Geus aya meureun kana sabulana "UDIN KAGET" anak cikal Bah Renggo nu kakara 
umur dalapan taun unggal unggal jam dua welas peuting nyaring, malah sok 
parat nepi ka Subuh. Dina nyaringna teh menekung bari kunyam-kunyem. 

Kalakuan anakna saperti kitu teh pikeun Abah Renggo ngarasa atoh, tapi 
gegedenamah hariwang boa-boa anak aing keuna ku pangheureuy deungeun ceuk 
gerentes angena. Ku sabab bisi matak picilakeuan abah renggo geuwat mariksa 
anakna : 

*Abah Renggo :* Sujang Kunaon bet sasarianeun loba hudang peuting? Mun aya 
kahayang geuwat tepikeun ka Abah ayeuna. 
*Udin Kaget :* Hi ari abah, pan ceuk Pa Ustad oge mun aya kasusah kudu remen 
ngadunga! 
*Abah Renggo :* Hayang naon maneh teh? bet bebeakean. 
*Udin Kaget :* Hayang.. ibu kota Jawa Barat pindah ka Garut. 
*Abah Renggo :* Lahuta pisan siah kahayang teh! Na naon nu jadi sababna? 
*Udin Kaget :* Eta tadi Abah, waktos ngalebetan soal ulangan, soalna teh : 
Kota naon ibu kotana Jawa Barat? Ujang ngawaler Garut, tah ku kituna Ujang 
ngado'a sangkan ibu kota Jawa Barat ngalih ka Garut. 
*Abah Renggo :* Kasebelan siah! 
Landong baeud dugi ka seri katilu saterasna tiasa diaos di : 
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=255

manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke