Nu ka toong ku kuring mah, transkripsikeun we sagala bahan perkara kasundaan teh, kaasup Naskah Wangsakerta. Keun wae teu pati diaku ku batur oge, paling heunteu aya referensi keur urang Sunda sorangan. Rek make panganteur basa Sunda, Indonesia, atawa Inggris jigana teu pati jadi masalah. Perkara tempat parkir, salila teu boga duit keur nyewa tempat, teu kudu era pake we tempat gratisan. Perkara tampilan kudu "nyeni", jigana bisa dijieun bari jalan, nu penting aya bahanna heula.
Sakadar info, kuring kungsi ngulayaban hayang nyaho perkara wayang golek. Hasilna, aya sababaraha situs nu nyadiakeun info wayang, dijieun ku bule, rujukanana salah sahijina padepokan Giriharja. Kungsi meunang sababaraha situs nu dijieun ku batur urang ti wetan, teuing ngahaja, teuing kurang info, dina mangsana ngadongeng wayang golek, teu aya nu ngarujuk ka wayang golek di Tatar Sunda. Palebah dieu memang hak manehna, ngan meureun keur urang aya pieunteungeun. Urang teu bisa ngandelkeun batur palebah urusan budaya urang, jigana kudu urang sorangan nu ngurusna. Hehehe. Salam, MH --- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tadinamah rek diniatan kitu, tapi kapikiran pan > sumber maranehna teh babad nu pasti subyektif da > "made in" pangawasa/raja. Disisi lain referensi nu > diboga urang naon bae nya (palebah dieu kuring lemah > euy!). Tungtungna nu kapikir mah asa kudu boga milis > sunda nu make basa Inggris, referensi nu dipake nya > nudibogaan urang we, jadi upamana make NPWK sah-sah > bae masing batur masih madungdengkeun. > > Kumaha atuh saena? > > KD > > kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Jalak, sababaraha waktu ka tukang kuring ge > kungsi ngobrol susurelekan jeung nu ngokolakeun > karatonjawa.org. Ceuk kuring mah, mun > urang boga referensi/rujukan sajarah nu cukup kuat > pikeun ngabantah > naon rupa nu aya dina eta jalaloka, diskusikeun bae > jeung anjeunna... > > isk > > On 4/13/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > Kang Na, website jawapalace mah seueuer ngarefer > ka babad-babad produk > > karaton, janten saka.....nu boga carita. Mangga > oge surf ka web kabupaten2 > > di Jateng/Jatim geura mun nyutat sajarah kotana > teh bau-bau saka..oge. > > Saleresna ti kapungkur hayang mere asupan ka > jawapalace teh sabab sigana rek > > dijadikeun corong persatuan keraton2 nusantara. > Tapi saprak Kasunanan > > Surakarta jeung Kanoman Cirebon aya dua rajana, > terus Kasultanan Yogya mulai > > goyah ku ayana Otda, plus turunan Banten teu > panuju kasultanan Banten > > dihirupkeun deui nya geuning simana pudar. > Katingalna saprak Otda urang jawa > > ge teu ngajadikeun Yogya/Solo jadi puseur > referensi kajawen, komo saprak SBY > > naek mah rarasaanana puseurna teh aya di Pacitan!! > Ceuk kuring mah pamorna > > jawapalace teh milu turun. > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new resources site! http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
