Sampurasun...., Teh Tienka damang?, muhun teh nepangkeun oge si kuring Asep Dedi Suhendra, ari landian mah Oeking duka timana eta dongkapna, pedah kapungkur osok nyepeng kacapi indung panginten janten bae ka cacandak nami ku inohonng budaya sunda kang Uking sukri. Wiwitan mah ti Ciwaruga, Politeknik Bandung, Gegerkalong Hilir, ayeuna nuju ngalanglangan lembur batur.
Teh perkawis rahayat sareng pamingpin di lembur etamah bingung sim kuring oge he..he.., mung anu jelas urang teh tos tingaleun sababraha lengkah tibatur. Upami nilik kana dasar masalah, saleresnamah dimana2 oge pasti aya,boh di nagara Adi daya,nagara maju, atanapi nagara dunia katilu mung anu benten teh dina dasar jalur-jalur ngabebenahna, maranehna tos aya dasar hukum anu kiat,dipercanten,sareng tos ngabukti. Dilembur, aya sababarah hal anu katoong ti dieu mah; 1.Bokbrokna kredibilitas hukum, kusabab korupsi boh tina pandangan masyarakat nasional atanapi internasional, janten sagala kabijakan teh jadi tanda tanya, jajauhna.. teu diajenan atanapi di sapirakeun , kusabab kitu masalahna ngarembet kasagala widang kahirupan ka asup dinas kabersihan tata kota, runtah tea, investor asing anu jelas -jelas bakal jadi acuan keur ngagolangkeun dollarna. Gorengna pandangan ti international Ieu kabuktian pisan sawaktu mitra baraya nyobian ngagalang dana kanggo tsunami, seseueurna alim ngaliwatan pamarentah di lembur,hayangna nyieun organisasi khusus anu langsung terjun ka tempat.(Baraya... kadang sok beureum beungeut lamun loba anu nanya timana asli, ceuk kuring; "Bandung, West Java, Indonesia" "Oh.. Indonesian !", implik2 na sok nanyakeun kumaha perkara korupsi di Indonesia, geus cageur?, Let's see..., bari seuri, mudah2 an presiden anyar bisa ngabuktikeun jangjina. Kang Maman,perkawis milih mayor didieumah sami bae demokrasi paloba- loba pendukung ,mung cara-carana tos teu manual deui, sareng langkung lemes dina politikna. Aya sasauran hiji mayor di California, yen pilihlah keorganisasian anu bisa ngajamin kana lumangsungan kahirupan golongan urang. di LA seueur pisan urang asia,Jepang, China, Indonesia,Mexico, jrrd. anu matak asia diperhitungkeun pisan boh tina segi pendidikan,daya nalar, bisnis anu langkung onjoy, tug dugi ka mayorna oge aya keturunan asia upami teu lepatmah. Carana, Calon calon mayor ngadamel masing2 program, teras di bewarakeun ngaliwatan pamplet2, Web site, conto tulisan"Vote Kang Oman, kanggo Mayor Bandung Kidul", he..he.. banyol kang ah. teras saha2 bae anu terdaptar anu ngabogaan hak kango milih, nya ngalaksanakeun vote tea. Jajauhna di tingkat pusat, didieu seueur pisan urang yahudi/JW, anu educated, ngabogaan tingkat pendidikan luhur, anu antukna loba anu nyepeng di senat, anu tangtu bakal ngabogaan hak suara anu loba dina nangtukeun kabijakan pamarentahan USA boh dalam atawa luar negrina. Cag sakitu heula bae ti sim kuring... Baktos Oeking-FL [email protected], "tienka " <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan kang Asep Dedi Suhendra........... > Nepangkeun si teteh anu tos lami tara laha loho di > kisunda, oge kanggo baraya sadayana kumaha daramang...? > Resepnya diditu mah kang Asep , sagala rupi parantos di > tata kayalan kanggo kamaslahatan rahayatna. Naha ari di > urang bet ngatur runtah oge mani ruwet. eta kitu rahayatna > teu benang diatur..? atawa pamimpinna anu teu becus..! > atanapi dua-duana...?duka atuh..! matak heran.... > Apan di urang teh lolobana agama islam, ari kebersihan teh > sabagaian tina iman...tuh, ari kitu mah eleh ku > batur.....Jepang, korea, singapur, kana kebersihan no > hiji, naha ari urang mani hesenya..! > Nuhun ah, kang Asep infona..... > > Baktos > teh tien > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
