Sampurasun Kan Oman sareng  Kang Irpan Rispandi,
Eta motto "duit US teh muterna di US-US keneh". Saya mah panuju pisan,  
kudu nyontoan urang deungeun-dengeun (Cina, Arab, Jawa, Bule ..)
maranehna suport ekonomina dilingkaranana). Eta "IDEA" kedah dipetakeun  
ku urang paguyuban  US (demokratis tea). Jadi kedah aya NYATANA sanes  
ABSTRAKNA (ALAM MAYA).

Anu penting bisnis tulung -tulungan sasama US gudu kuat, modalna aya  
kadeak : kerja  keras, jujur, piceun hate-hate jiwa sok maok  
waktu/materi/pundungan jeung sajabana. Teu kudu bisnis wae silih  
tulungan mere gawe  ka US ( abdimah sok bangga ka "Pun ADI" sok  
ngumumkeun mere pagawean sababaraha perusahaan), Komo deui lamun  
postingna US leres -leres tiasa ngasupkeun gawe naon wae asal "HALAL" (  
nu penting tong jadi US nu sok - menta-menta bari jeung euweuh gawena).  
Komo deui menta-menta ibarat narikan UPETI eta jamanna Walanda /   
Feodal (KUBUR IEU SIFAT TONG AYA DI TATAR US LAMUN URANG HAYANG MAJU).

Silih tulungan gawe / bisnis tong berdasarkeun deukeut ka getih ( conto  
  jeung dulur  kuring heula wae eta bisnis, ieu KKN moal maju malah  
seueur MUSUHNA, lolabana eta sistem dulur/getih/kkn euweuh nu  
raresepeun, timbul "TEU SALING PERCAYA" dina eta BISNIS. Dina arti lain  
teu profesional, nya patokanana memang MODAL DUIT KUDU AYA, teras elmu,  
teras jujur, kerja keras ( ulah sok nipu). Ieu conto keur kuring  
ngalakonan usaha mimpin 100 karyawan, karyawan anu rek gawe ka kuring  
lain dulur sa getih, maranehna daek gawe kerja keras datang sorangan ka  
kantor tanpa referensi si ANU si DULUR. Kuring sok nanya maneh "ahlina  
naon" bisa gawe heuteu nyatana, boga pangalaman gawe leuwih luhur alus  
da sakolamah keur "pondasi intelektual" / S/S1/S2/S3, tapi ari gawemah  
dimasayarakat NYATANA produkna dina hasil pagaweanana.

Kuring ngacapruk "teu sare normal 8 jam sa poe" (upami projek /bisnis  
leres aya nyatana sare oge ngan sa ukur tilu jam sa poe / beunta 24-3=  
21jam x sa minggu, 7 poex21jam=beunta 7 poe 147 jam jam keur digawe  
ngarancang restorant jepang).  Kaleresan aya projek ngarancang  
restorant gaya Jepang di Atlantic City kudu "on time" poe kamis tah eta  
design racangan  US kedah janten, Ari ngarancang  kedah aya pangalaman  
jero  ngawangun budaya/tradisi/ gaya Jepang, malih mah diadu manis gaya  
imah US abus ka urang Jepang da rada sasarasi aya materi anu alami  
(suluh, bilik, gentong, pancuran, ho'e, eurih, bambu,batu templek).  
Punten kuring ngacapruk  .....baraya

Baktos
Yan NYC

On Wednesday, April 20, 2005, at 11:14  PM, oman abdurahman wrote:

>
> Ka sadayana bae,
>  Mataholangna (intisarina) si kuring miluan sababaraha MLM (kalawan  
> teu pati
> terang-terangan promosi di milist, da teu etis tea) oge mindeng  
> ngusulkeun
> bisnis anu nyoko kana kamampuhan jeung karya-karya brilian US (anu ieu
> terang-terangan, upamana: Hydrasil, Glyfox, Grammor, wisata
> perjalanan/sejarah, family homestay, jrrd) taya lian sakumaha kasauran  
> Kang
> Irpan di handap: anu penting aya buktina jeung sabisa-bisa duit US  
> muter di
> US deui. Kitu pisan.
>  Ngan nya kitu, kangaranan di milist, anu ceuk MJ mah, kalolobaana  
> urang
> lebet ka milist teh ukur "selingkuh" tina kasibukan sapopoe di tempat
> pagawean, nya teu acan aya anu daria dikokolakeun babarengan, kaasup  
> jejer
> pangemut Kang Irpan. Sigana dina waktu ieu mah sadaya ide-ide teh cul  
> leos
> bae.
>  Dina lebah MLM, si kuring aya kahayang ngajak ka balad US, nya sangkan
> upama lebet MLM teh ngiring ka anggota Kusnet anu tos ti payun (teu  
> kudu ka
> kuring bae), upama kadang wargina (dulur sagetih) teu aya anu  
> ngiringan dina
> eta bisnis MLM (upami aya mah nya tangtu bae payunkeun dulur sagetih).  
> Tapi
> eta mah sakadar usul, pamustunganana mah demokratis bae, lain soal  
> mana anu
> bener, tapi mana anu suka (kitu meureun).
>  Anu jelas, dina bisnis naon bae, tangtu kudu aya modal. Si kuring rada
> cangcaya kana bisnis internet anu heunteu make modal. Oge aya sistemna  
> anu
> jelas. Paniatan mah asup kana hiji MLM teh hayang kacangking elmuna,  
> apal
> sela-selana, sangkan upama ngaguar teh bener-bener kaluar tina  
> pangalaman
> lain diwangwang ti kajauhan.
>  Kangggo kang Kamal: hapunten si kuring heunteu terang kana model  
> bisnis anu
> ku salira ditaroskeun.
>  Panutup: pangrojong si kuring moal diwilah-wilah, ka saha bae, kana  
> bisnis
> naon bae anu sae tur mawa manfaat. Hayu urang lakonan kalawan  
> syarat-syarat
> sakumaha dina bisnis naon bae ilaharna.
>  baktos,
> manAR
> http://www.eliteteamindonesia.com/64177
>
>
>  On 4/21/05, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> assalamu'alaikum ka sadayana.
>>
>> nu penting, aya buktina aya barangna.
>> ceuk cenah mah disebut na teh "Sektor Riil" tea.
>> jadi duit US teh muterna di US-US keneh,
>> teu kaluar ka Munding bule atawa ka Monyet peureum.
>>
>> sakitu ti kuring,
>>
>> "HALING KU AING"
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> Komunitas Urang Sunda -->  
>> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>>
>>
>>
>> ------------------------------
>> *Yahoo! Groups Links*
>>
>>    - To visit your group on the web, go to:
>>    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>>     - To unsubscribe from this group, send an email to:
>>     
>> [EMAIL PROTECTED]<urangsunda- 
>> [EMAIL PROTECTED]>
>>     - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
>>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>.
>>
>>
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi  
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk  
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke