Isukan poe senen tanggal 2 mei, urang bakal mieling poe atikan, tapi di
ujung bulan april dunya atikan kota bandung meunang kasedih, sabab sabagian
anu ngaku diri jadi tukang ngatik nyatana teu bisa ngatik diri sorangan,
nyatana lebel sakola bonafid, sakola tempat ngumpul siswa pinilih, pokona
mah sakola pangna anu jadi barometer sakola lian di kota bandung teu bisa
jadi ukuran di tempat eta guru-guruna geus jadi guru anu profesional anu
datang ka sakola lain saukur ngajar, tapi anu utamana ngatik anu lain ngan
saukur ngatik siswa tapi ngatik diri sorangan salaku guru anu cenah kudu
digugu jeung ditiru.
Sigana lamun kuring jadi guru di eta sakola geus era panggih jeung papada
guru sabab rumasa jadi guru ngan saukur bisa ngajar tapi teu bisa ngadidik
diri sorangan, leuwih hade rek nyumput bari diajar ngatik diri sabab cenah
ceuk kolot anu susahmah ngajar diri sorangan dibanding ngajar nu sejen.
Sim kuring sacara pribadi ngarojong ka IM jeung DG sangkan ulah mundur,
mudah-mudahan naon anu jadi rerebet dunya atikan, khususna di kota Bandung
umumna di Indonesia, bisa saeutik-saeutik bisa diubaran.
Ka sing saha bae, utamina anu boga rasa peduli kana dunya atikan sim kuring
umajak kumaha urang nyieun hiji komunike babarengan ngeunaan masalah ieu
sangkan kahareupna henteu kaulang deui.
Wilujeng mieling poe atikan.

Wassalam,
Iwan





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke