Haturan Kang MH, Kang Oman sareng baraya saha wae US...... sa dunya

Kuring bade nyobian ngadeuheus ka eta dua welas  nomor anu dijantenkeun 
aosan nunganyerikeun US anu jumlahna kirang langkung
opat puluh juta jalma. da matak wa'as atuh upami ngabandungan US nu 
saenyana, punteun wae simkuring rada "belegug" dina seratan
nu teu masantren ulikan bahasa sunda. Da kuring rek cicing dimana wae, 
rek di Russia, rek Amerika, rek di Eropa moal bisa dibohongan
hate kuring teh US. Ari aya anu leuwih alus ulikan bahasana punten wae 
entong digeunggeureuhkeun da pihampuraeun, konaon sababna
tos lami teuing ngumbara di Eropa, Russia, Canada sareng Amerika. Jeung 
mani nembe pisan gaul di ieu mislist anu kacida bungahna,
da asa aya wargi sa kampung padahal ngan sa ukur di alam maya. Anu 
leuwih luhur ulikan bahasana nya kuringmah nyuhunkeun di asah-asuh-asih.

Jati US sunda  moal leungit asal "dibeungkeut ku bahasa anu sifat umum 
kudu kaharti ku US nu 40 juta jalma".
Dina pangalaman kuring keuer di tatar sunda aprakan-aprakan ka 
kota-kota anu beda adat istiadatna ti mimiti Sumedang, Garut, Ciamis, 
Cianjur,Banjar,
Cirebon, Banten  jeung kota lainna eta bahasa sundana kuring teu 
ngarti. Hiji" kalimat bahasa sunada" anu tujuana sarua diucapkeun 
dikota laina
can tangtu kaharti ku urang Bandung model kuring. Kuring nyimpulkeun US 
teh unik  loba pisan budayana, tah ieu nu kudu dipiara ku Ki Sunda.
Nyaeta Pancasila tea anu beda-beda tapi sa sunda kumaha 
akur........?????Janten bahasa sunda anu umum kedah jadi acuan keur 
urang sunda
anu umum tea, tapi ulah ngaleungit bahasa karuhun ki sunda dikota mana 
wae, nya upami tiasa dipilari persamaan kata/kalimat keur jadi acuan 
anu umum.
Hiji conto tina kaelmuan arsitektur dirancang ku jalma nu masantren 
jeung maca pustaka di sakola palih dina praktek ngawangun gedong  
anemer anu maca eta rancangan can tangtu ngarti eta bahasa pasantren 
komo  deui dibaca ku mandor, ku tukang kayu, tukang batu, tukang tembok 
jeung sajabana kuli aduk.
Bade naros "sadeupa / sajeungkal" teh sabaraha centi meter, sabaha inci 
( ieu elmu ukur standar urang barat) US naonnya????Lamun kuring gaul 
jeung kuli wangunan kuring ngamandoran aranjeuna kedah ngahartoskeun 
bahasa maranehna ameh gedong tiasa adeg sami/cocok sareng rencana 
bahasa arsitek. Didieu kedah diadu manis antara anu nyakola sareng anu 
pangalaman dilapangan maranehna. Conto deui da moal nyambung jeung teu 
kaharti ahli pilitik anclub jadi tantara; bahasa alus/luhur jeung 
bahasa menengah oge bahasa handap sunda; doktrin agama jeung sain 
teknologi; hukum agama jeung sukular;
oge urang Sunda ti golongan biasa-wan, warta-wan, budaya-wan, 
agama-wan, seni-man, akademi-si, jeung milis-si, usaha-wan, politi-si, 
jeung birokra-si ieu
golongan boga bahasa masing-masing anu hese dihartikeun ku US anu 40 
juta. Kabayang ku kuring lamun eta 40 juta US ngarti bahasa eta 
golongan US
jiganamah  US moal daek diparentah ku urang wetan, urang sebrang jeung 
panjajah urang kulit putih.
Sok atuh ki sunda urang beungkeut rasa persatuan US KU BAHASA UMUM ANU 
KAHARTI KU US NU 40 JUTA JALMA.
Urang teh kudu ngahiji dina budaya, politik , ekonomi... keur US, 
conto-conto ti karuhun US tos aya nyaeta Prabu Siliwangi jeung Prabu 
Dipati Ukur
embung diparentah ku urang wetan. Entong jadi US mere UPETI ka urang 
wetan/sebrang/walanda keur ngamakmurkeun ekonomi/kawasa maranehna.Nu 
digawena US nu untungna keur manehna, ngenah maneh teu ngeunah di uing. 
Entong jadi US leuwih ti urang Mataram jamanna Sultan Agung.
Ayeunamah urang hijikeun KU BAHASA SUNDA ANU UMUM anu leuwih luhur kana 
pangarti keur US nu 40 juta.

Baktos
Yan NYC
>
On Thaursday, May 5, 2005, at 01:16  AM, mh wrote:

> Baraya,
>
> Alahamdulillah, geus genep bulan mayeng, KOROPAK ngeusian lolongkrang 
> pikeun ngeuyeuban bahan padungdengan kasundaan. KOROPAK edisi ieu 
> midangkeun padungdengan adu renyom perkara "Kapamingpinan jeung 
> Eksistensi Jatidiri Ki Sunda". Jigana, numutkeun panoongan dina media 
> online di nagri urang, hiji-hijina seler nu teu eureun-eureun 
> ngocoblak perkara dirina, taya deui lian ti Urang Sunda. Ieu 
> padungdengan dikompilasi tina PR online ti mimiti tahun 2002 nepi ka 
> Mei 2005.
>
> Ngan masih aya hanjakalna. Upama dititenan, salila ieu nu ngocoblak 
> perkara kasundaan teh kakarek urang Sunda ti golongan biasa-wan, 
> warta-wan, budaya-wan, agama-wan, seni-man, akademi-si, jeung 
> milis-si. Tacan pati katinggali aya golongan usaha-wan, politi-si, 
> jeung birokra-si. Padahal tilu kelompok manusa nu disebutkeun 
> pandeuri, boga kasakten jeung kasempetan leuwih punjul ti kelompok 
> lianna. Sabab maranehna salian ti bisa ngocoblak, oge bisa nangtukeun 
> kawijakan rek kamana manusa Sunda kudu dibawa.
>
> Bahan padungdengan salengkepna mangga pilari di:
>
> http://free.angeltowns.com/studio579/koropak/
>
> Salam,
> MH
>
> ========
> KOROPAK
> Edisi April 2005
>
> 1. Provokasi buat Ki Sunda, Rachmat MAS
> 2. Jangan Mimpi Orang Sunda Jadi Pemimpin Bangsa, Atip Tartiana
> 3. Ubah Mimpi Jadi Kenyataan, Rachmat MAS
> 4. Sisi Lain Kepemimpinan Sunda, Stevanus Subagijo
> 5. Mempertanyakan Jati Diri Ki Sunda, Solatun
> 6. Awas Jangan Terjebak Fanatisme Kesukuan, Hendra Kurniawan
> 7. Pengalaman Menjadi Ki Sunda, Suwandi S.
> 8. Strategi Kebudayaan untuk Ki Sunda, Stevanus Subagijo
> 9. Ki Sunda Sebagai Pemimpin - Mengapa Tidak, Andreas Bintoro
> 10. Peluang Ki Sunda Jadi Presiden RI, Rachmat MAS
> 11. Ki Sunda di Ambang Kepunahan, Retno HY
> 12. Ki Sunda Mustahil Akan Punah!, Mira R.G. Wiranatakusumah
> 13. Ki Sunda Justru Telah Punah Lebih Awal, Dhipa Galuh Purba
> 14. Ki Sunda Siapa Dikau dan Bagaimana Keadaanmu?, Rachmat MAS
>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke