Aya deui nu nyebutkeun Gajah Mada teh Urang Minang ....... Tapi ieu 
mah moal ngadongeng asal-usul Gajah Mada, tapi dongeng urang Minang 
jeung Majapahit. Hiji waktu urang Minang teh rek dirurug ku 
Majapahit. Dasar urang Minang loba akal, urang Majapahit teh 
dilobby, supaya ulah ngarurug, tapi diajak ngadu Munding. Lamun 
munding urang Minang eleh, urang Minang takluk ka Majapahit, tapi 
lamun meunang, urang Minang tetap bebas merdeka. Urang Majapahit teh 
satuju, terus ngadatang kebo jalu anu gedeee ...pisan, tandukna ge 
ranggakgak pisan. Sabalikna jeung urang minang, munding nu rek 
diadukeun teh malah munding anakna nu keur nyusuan keneh. Eta anak 
Munding teh dipuasakeun meunang sababaraha poe henteu nyusu ka 
indungna, terus huntuna ditambahan ku huntu beusi nu sarareukeut.

DIna poena adu tanding, der Munding jalu Majapahit teh, dikaluarkeun 
ka pakalang. Bakating ku galak eta munding jalu teh tetejeh jeung 
sesegrok. Geus kitu bagean urang minang ngaluarkeun anak munding. 
Serebet weh anak munding teh cungas-cingeus neangan indungna arek 
nyusu. Ger ....atuh wadia balad ti Majapahit teh saleuseurian, 
ningali anak munding dititah ngalawan kebo jalu anu galak. Tapi anak 
munding ieu gede wawanen, lain sieun kalahka ngadeukeuteun Kebo Jalu 
palebah bujurna ......terus arek nyusu kana kan.... (teu wasa 
ngalanjengkeunana), atuh munding jalu teh ngajerete. Rek Digadil 
anak munding teh kalahka lumpat, terus datang deui arek nyusu kana 
kan..., tutungna munding jalu Majapahit, jadi frustasi lumpat eleh 
diudag-udag anak munding.

Urang Minang surak ayeuh-ayeuhan, da mundingna meunang, ti harita 
tempat eta disebut Minangkabau (menang Kerbau). Tapi ke heula, rada 
bingung oge, ari samemehna urang Minang disebut urang mana nya?

Baktos,
WALUYA
(keur diajar ngadongeng)
--- In [email protected], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tapi asa teu beda ti Kubilai Khan, dedeg jeung sipitna nu matak 
aya nu nyarebutkeun urang mongol/tionghoa. Ceuk kuring mah leuwih 
cocog GM teh kawas Ade Rai dan ari ningal patung GM di Mabes Polri 
mah siga nu kedah "diet abiss" 
>  
> tirta
> 
> Ridwandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Leuwih satuju dedeg pangadeg ki gajahmada teh teu jauh jiga 
SBY...awakna
> seseg,ngan teu jangkung teuing,mata buleud.rambut digelungkeun di 
tukang has
> jaman harita keur pajabat nagara.rakyat leutik mah teu bisa gaya 
jiga
> kitu..sapopoena make asesoris keur panglima jaman harita.nyaeta 
kongkorong
> tina emas tilu undak anu tiap undakna leuwih gede ka luhur nu 
paling handap
> paling leutik congona nyingkup ukiran gambar hulu jiga 
buta.pangluhurna
> ukiran kembang jeung nu pangluhurna ditengah-tengahna ukiran goong
> leutik(bonang?)make gelang anu dipake deukuet kelek,jeung mahkota 
leutik
> lamun tugas sapopoe,beda deui lamun rek perang.Gaya ngomongna 
persis SBY
> anteb,sembada.kaciptana teh cespleng wae.teu beda jauh.moal 
titisan ti
> gajahmada kitu?... wilujeng.
> baktos
> sijAlu
> 
> -----Original Message-----
> From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Behalf
> Of dede_bgr
> Sent: 12 Mei 2005 0:12
> To: [email protected]
> Subject: Gajah Mada jeung Moh. Yamin -->Re: [kisunda] Re: Ngaran 
Sunda
> anu ceuk kuring alus
> 
> 
> 
> teu mengpar, pernah maca buku jaman lawas, Yamin teh kungsi di 
debat
> di sidang ilmiah, jang ngabuktikeun, naha leres ieu topeng garabah
> teh sang gajahmada??.   tapi Yamin malihan ngawaler...... sok
> buktikan bahwa ini bukan gajahMada..., kitu cenah.....
> Teras di papantes.., awakna gede seseg.....,  kalung naga, jrrd..
> sumpah Palapa ....., nyatukeun nusantara., tapi ari tatar sunda mah
> teu aya sajarahna ngagabung ka majapahit.
> Ari garabah beunget bopeng rarenjul mah, cenah. eta mah sajenis
> cengcelengan  Cina - Mongol........., pantes ku kituna mah..., da
> sang patung GM teh rada2 mirip orang Mongol....., heu heu heu
> heu..........ngaco nya???, punten........
> 
> 
> --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Rada mempar sakedik yeuh tina thread ieu, keun we nya. Baheula
> > basa keur di SD jeung SMP, dina buku Sajarah sok aya gambarna nu
> > disebut Gajahmada teh. Beungeutna buleud rada bepeng. Cenah mah
> > beungeut gajahmada jiga kitu teh kulantaran urang Trowulan
> > Mojokerto sering nimukeun gerabah kuno nu bentukna jiga kitu.
> > Trowulan dipercaya baheula teh ibukotana Majapahit. Kadieunakeun
> > aya nu nulis, eta gerabah teh lain bentuk beungeut Gajahmada,
> > tapi cengcelengan jaman baheula. Saha atuh nu boga pokal
> > nyebutkeun beungeut buleud jeung bepeng teh Gajah Mada? Ceuk beja
> > mah, eta teh Mohammad Yamin urang Minang anu nasionalis pisan.
> > Aya oge anu heureuy, maklum we da pameunteu Yamin teh rada-rada
> > mirip .....jeung cengcelengan jaman Majapahit ieu .....hehehehe.
> >
> > Yamin, sang nasionalis tulen, anjeunnga oge nu ngagentos nami
> > Kepulauan Sunda Kecil jadi Kepulauan Nusa Tenggara!
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> ...
> 
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends 
today! Download Messenger Now
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke