Upami aya anu ngagaduhan email miing(kang dedi gumelar),punten nyuhunkeun
diwartosan.tos lami heunteu anjangsono.
baktos,
idwan

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf
Of oman abdurahman
Sent: 12 Mei 2005 12:29
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Subject: [kisunda] Antara Sunda "Da" jeung Sunda "Sanajan"


Baraya,
 Poe Senen anu anyar kaliwat, si kuring milu ngariung di dapur
sundanet.com<http://sundanet.com>di Jl Sukasenang V No 14 Bandung. Anu
hadir diantarana Abah Surya,
narasumber sundanet.com <http://sundanet.com>, Kang Aji kanca ti Yayasan
Sawalabumi, Teh Nenny jeung batina anu bungsu, Kang Benny patih goahna
sundanet. Anapon anu jadi jejer pajemuhan anu utamana ngeunaan mateakeun
(memberdayakan) budaya (Sunda), khususna kasenian, pikeun nepikeun
program-program pamarentah. Tapi, dina seuhseuhanna mah padungdengan teh
biasa bae "ngaler-ngidul" ngobrolkeun sagala rupa ngeunaan anu aya
patula-patalina jeung kasundaan.
 Diantara anu dialokan dina riungan teh soal anu ayeuna keur meujeuhna rame
silih tempas dina koran "PR", kasundaan tea. Upama dititetnan, anu keur adu
renyom masoalkeun kasundaan teh bisa ibagi dua golongan. Anu kahiji, anu
diwakilan ku Miing jeung dulur urang anu tulisanna sawanda jeung Miing.
Cupatna tulisan atawa pamadegan model anu kahiji, ringkesna mah pesimis kana
eksistensi kisunda. Anu kadua, anu diluluguan ku saha teh...hilap deui
namina, anu ngabela yen sunda aya keneh dikieuna.
 Aya istilah ti abah Surya anu inget keneh tepi kaayeuna anu ngagambarkeun
dua model pamadegan ngeunaan kisunda anu rame di koran PR sakumaha disebut
di luhur: Sunda "Da" jeung Sunda "Sanajan". Saur Abah, Sunda "Da" teh larap
ka US anu loba teuing luh-lah atawa humandeuar ngeunaan eksistensi kisunda.
Disebut Sunda "Da", sabab umumna babasan anu kaluar ti US model kitu nya anu
sok dimimitian ku kecap "da". Upamana bae: "Ahh...da urang Sunda mah kitu,
tangtu bae moal aya kamajuan", "Bongan da urang Sunda mah tara wani ka
hareup", "Da ceuk uing oge Sunda mah kitu...matakna....", jst.
 Sabalikna, ari Sunda "Sanajan" mah jembar, nyoko kana pasipatan cai,
ngalarapkeun salah sahiji harti Sunda, nyaeta cai tea. Enya, salah sahiji
harti Sunda tina 25 harti Sunda sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan Jati"
teh, nyaeta Sunda = "Cai". Kumaha bae cai, sanajan dihalangan ku rupa-rupa
panghalang, cai mah tetep neangan jalan pileumapangeunana. Sakumaha wewegna
oge beton anu ngahalangan cai, cai mah tetep bisa sumelesep, nyerep kaditu
ka dieu sok sanajan saeutik.
 Sunda "Sanajan" oge siga cai. Upama geus katingal bebeneranana atawa naon
anu sakuduna, atawa jatidiri anu alusna, sanajan loba anu ngahalang, ngece,
ngajejeleh atawa ngahina oge tetep moal unggut kalinduan, moal gedag
kaanginan. Tetep Sunda kuring arek ka hareup, da kuring yakin mataholangna
ajen-inajen kasundaan teh alus. Kitu meureun istilahna teh. Jadi, babasan
kecap ti golongan Sunda "Sanajan" mah upamana: "Sok sanajan batur nyebut US
teh teu wani ka hareup, kuring mah da US, nya arek mimpin bae sabisa-bisa di
lingkungan anu kuring anu kadada kaduga"; "Sanajan disebut teu wanian, kami
rek ngabuktikeun yen kami wani nyorang ieu kahirupan", "sanajan basa Sunda
ceuk cenah geus mimiti pada ninggalkeun, kuring mah arek tetep usaha
migunakeun basa Sunda", jst. Sunda "Sanajan" tea.
 Sunda "Da' lamun diantep bae bisa ragrag kana babasan "ajag ngajejewet
sorangan" atawa disebut oge peta (perilaku) "neluh sorangan". Kitu soteh
lamun kaluarna ti urang Sunda kalawan heunteu mere cara-cara jalan kaluarna
atawa ngan ukur diuar-uar dina media, jadi konsumsi sarerea. Numutkeun Abah
Surya, keur (dunya) atikan mah (satemenna urang sarerea ti mimiti gubrag ka
alam dunya nepi ka dikubur, moal leupas tina atikan, sabab "longlife
education" tea), Sunda "Da" teh teu hade. Keur konsumsi balarea, peupeujeuh,
Sunda "Da" ulah ditabeuh, sakurang-kurangna ulah digegedekeun. Sabalikna,
keur dina media, keur ka balarea, anu kudu mindeng disoarakeun teh nya sikep
optimis siga babasan ti Sunda "Sanajan" tea. Keur atika politik, komo, Sunda
"Sanajan"penting pisan dikahareupkeun. Tingali geura bangsa nu lian,
upamana, bangsa Jepang, apan sakitu alusna sikep kana citra diri anu hade
teh.
 Dimana atuh alusna nabeuh Sunda "Da"? Abah Surya ngawaler:" Tah di gedong
dprd, di gedong bapeda, dina padungdengan heureut jeung pangagung
pamarentah, komo keur madungdengkeun program mah. Taya lian, sangkan anu
jadi bangbaluh teh lain ukur diomongkeun, tapi pek dijieun program keur
ngobatanana".
 Cag heula.
manAR
wilujeng jadi Sunda "Sanajan"
http://www.eliteteamindonesia.com/64177


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links








PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke