Ngeunaan sunda baheula sigana ayeuna teh keur kabuka sakedik-sakedik, jadi can aya jejer nu geus matuh. Komo ku diguarna naskah-nasakah pangeran wangsakerta nu kudu dilajuninglaku, diteangan titinggalanana. Jadi nepi ka ayeuna sajarah sunda heubeul mah masih digarap (oge dipadungdengkeun). Contona bae dina nyukcruk Siliwangi/Padjadjaran alm. Saleh Danasasmita (pami teu lepat) nu disebut Galuh teh aya tilu: Mun disebut Galuh nyaeta kawengkon Tasikmalaya ayeuna; Mun disebut Galuh Inti nyaeta kawengkon Ciamis ayeuna; Mun disebut Galuh Luar nyaeta kawengkon Dayeuh Luhur nu kaasup kabupaten Cilacap ayeuna. Oge dicarioskeun Rakeyan Darmasiksa teh di Saunggalah nu ayeuna wewengkon Singaparna Tasikmalaya. (tingal & bandingkeun website Kabupaten Kuningan nu nyebatkeun/nyambit Saunggalah oge !!!???) Oge dina seratan oge presentasi Mang Ayat geuning perlu diilikan deui cenah bisa jadi karuhun urang sunda ayeuna mah ti Hariangbanga lain ti Ciungwanara, da Ciungwanara mah leuwih anteb nu nurunkeun raja-raja di wetan sedengkeun Hariangbangan nu nurunkeun raja-raja di kulon (sunda). Tah ari Limbangan, Sukapura, Parakan Muncang, Ukur jrrd. ieu mah jaman geus runtagna pajajaran, geus aya mataram - banten -cirebon (masa Islam) (abad ka 17 & kadieunakeun). Panalungtikan sajarah tos diguar dina Sajarah Sukapura (Emuch H. Soemantri) oge dina Sajaraha Ukur (Dipati Ukur) (Edi S. Ekajati). Ngadugikeun sasauran Mang Ayat, seueur pisan bahan-bahan sajarah sunda nu can kaguar. Ari ahlina teh ngan kurangleuwih aya 10 urang, eta ge 2 geus pangsiun, jeung loba nu geus umuran. Urang sunda balap kahayang ngaguar sajarah sunda jeung kaayaan titinggalan sajarah sunda di tatar sunda nu ruksak teu dipulasara. salam tirta nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: di Garut aya karajaan Limbangan; di Kuningan aya karajaan Saunggalah; di Ciamis aya karajaan Galuh; di Majalengka aya karajaan Talaga jeung Rajagaluh; di Tasik aya karajaan Sukapura; di Bogor aya karajaan Holotan jeung Pajajaran; di Sukabumi aya karajaan Agrabinta (lamun teu salah); di Cianjur aya karajaan Tanjung singguru; di Subang aya karajaan Cupunagara; di Purwakarta mah teuing kuring teu apal.
Ridwandi [EMAIL PROTECTED] Sakantenan tumaros,di wewengkon garut kapungkurna aya karajaan naon nya?upami kuningan,ciamis,majalengka,tasik,lebet ka karajaan Galuh.sumedang aya karajaan Sumedang Larang.Bogor,cianjur,sukabumi,subang(?),purwakarta(?)lebet ka pajajaran.Kang Tirta sareng kang Panji uninga hal ieu?atanapi aya baraya nu uninga?urang ciamis diantos komentarna..... Punten upami lepat sareng seeur tumaros,maklum nuju nyukruk sajarah jaman baheula. Cag, Permios sijAlu -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of Tirta widjaja Sent: 13 Mei 2005 10:36 To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] CIUNG WANARA,dimana tempatna? Situsna mah aya di Karang Kamulyan, wates Ciamis - Banjar nu ditandaan ku Citanduy. Kapungkur mah masih sanget. Nu aya teh lingga/batu cenah "gada" na CW, oge aya lapang leutik cenah tempat ngadu hayam, oge dilebet leuweungna aya tempat patepung citanduy sareng ci...(hilap yeuh) tempat nyangkedna CW keur orok basa dipalidkeun. Duel jeung Hariangbanga (adi/lanceuk beda indung) mun teu salah mah di lapang leutik sisi walungan Citanduy. Ayeuna mah diburuan/gerbang situs diwangun masjid, jadi rada rame teu keueung kawas baheula. salam tirta -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of R.A. Panji Nayakaningrat Sent: 13 Mei 2005 10:01 To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] CIUNG WANARA,dimana tempatna? Sampurasun .. Bade ngiring ngawaleran eta patarosan: Upami teu lepat mah ... Ciung Wanara teh nyaeta putra na Sri Maharaja Adimulya ti prameswari Dewi Naganingrum. Anjeunna anu ngadegkeun karajaan Pajajaran tina sesa2 karajaan Galuh di Bojong Karangkamulyaan (Ciamis) sareng dayeuh na di Pakuan Pajajaran (Bogor). Ieu teh kajadian dina kinten2 taun 1180 Masehi. Mangga, nyanggakeun... Amit mundur Ridwandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya sadaya, Baheula keur leutik sok aya dongeng ti guru atawa ti kolot malah aya dongeng enteng mang jaya/wa kepoh ngeunaan ciung wanara.Ngan tepi ayeuna masih keneh lebeng dimana sabenerna ciung wanara cicing teh?bener aya kitu baheulana?cenah mah baheulana di wewengkon ciamis..saha bapana?mun teu salah hasil selingkuh raja?euleuh jaman baheula oge aya geuningan....:) dihaturan anu leuwih uninga komentar. cag.. permios, sijAlu [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Discover Yahoo! Get on-the-go sports scores, stock quotes, news & more. Check it out! [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
