Kahade tah Kang Kandar, Sisingamangaraja mah ulah disakompetdaunkeun. Ongkoh 
ti "dinasti bangsa maung" anjeunna mah. Saur Prof. Mansur Suryanegara, 
anjeunna teh ngagem islam. Munasabah atuh da "dinasti maung" tea.
 Enya, Islam diadumaniskeun jeung Sunda mah basana lain "Islam Sunda", tapi 
"Islam jeung Sunda". Anu kahiji mah nafsirkeun atawa pasna mah sinkritisme 
Islam jeung Sunda, hartina ngabedakeun. Anu kadua mah yen duanana oge aslina 
ngandung ajen-inajen anu universal. Anu kahiji, geus puguh dilungsurkeun ku 
wahyu, anu kadua oge bisa jadi sabagean diturunkeun ngalangkungan wahyu ngan 
lain ka nabi anu kasebut ngaranna dina Al Qur'an; sabagean deui meureun 
ngajanggelek tina hasil kaparigelan budayana. 
 Anu penting mah duanana nyoko kana kauniversalan, nyoko kana kamanusaan. 
Ngan duanana oge heunteu kebal kana virus panyakit, diantarana: 
ngatasnamakeun agama/ajen-inajen budaya pikeun haliah kadunyawian. Sok 
sanajan kitu, mataholangna masih mere kakuatan ka masyarakatna sapanjang 
catetan sajarah. Kusabab kitu, meureun, nya ieu anu jadi kakuatan tepi ka 
SANAJAN (:) ) bibel basa Sunda geus aya ti baheula, urang Sunda anu asup 
karesten teh heunteu signifikan. Kuduna mah mataholang teh terus-terusan 
dipateakeun, disinergikeun jadi hiji kakuatan budaya.
 Salam,
manAR
 

 On 5/19/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Sababaraha poe ka tukang mukaan deui hiji buku nu aya na erak, "Ahu
> Sisingamangaraja", buku nu medar Sisingamangaraja, utamana mangsa
> panganggeusan, diboro ku Walanda.
> Nya terus ngalamun, ngabanding2 urang Sunda jeung urang Batak tina
> segi ageman. Duka, urang batak sabaraha persen nya nu teu ngagem
> Islam? sigana mah rada loba. Padahal, diperuhkeunana (matok kana
> tiwasna pamingpin batak, Sisingamangaraja) urang Batak ku Walanda teh
> kakara ahir abad ka-20, nu diteruskeun ku kristenisasi/ngabaptis
> kulawarga eta raja batak.
> 
> Aeh, naha bet los2 ka Batak ieu teh... marangga ah, permios...
> 
> On 5/19/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > kang hawe nembongkeun buku heubeul. terbitan taun 1929. basa sunda.
> > judulna teh asana beja kabungahan.sigana tina kabar kegembiraan, jerona
> > teh bibel atawa injil nu geus disalin ka basa sunda. nu nerbitkeunanana
> > meureun sarupaning lembaga alkitab zending kitu lah.
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke