Kang Tirta,
 Sakaterang, dina Al Qur'an ayat anu ngatur soal jilbab nyaeta Surah An Nur 
(ayat 31) sareng surah Al Ahzab ayat 59. Abdi weleh heunteu mendakan aturan 
jilbab dina surah An Nisa, ayat sabaraha nya?
 Ngeunaan eta dua aturan ngeunaan migunakeun jilbab, duanana ayatna teh 
obyek parentahna ditujukeun ka kaum mu'minin, sakumaha parentah shaum. 
Ngandung diantara ciri anu ariman teh nya anu ngalaksanakeun eta aturan. 
Ngeunaan substansina, mataholangna mah marentahkeun yen para isteri ulah 
samanea ngobral auratna kajaba anu biasa tembong oge kajaba ka mahramna. 
Jadi heunteu dieceskeun pisan ngeunaan model jilbab atawa eta panutup aurat 
teh (ngan aya katangtuan kudu manjangkeun eta panutup nepi kana dada).
 Ngeunaan kawijakan pemkot Padang, eta mah nyanggakeun, mana kitu oge hasil 
kamupakatan masyarakatna. Anu dipahing, nyaeta mugi heunteu aya paksaan bae 
da dina parentahna oge heunteu aya paksaan (ancaman hukuman upama teu 
ngalaksanakeun, upamana).
 Anapaon ngeunaan kawajiban jilbab ka individu, nya sami bae sakumaha 
kawajiban sanesna. Sakapeung urang aya anu geus mampu ngalaksanakeunana 
(upamana: sholat); sakapeung deui urang tacan mampu ngalaksanakeunana 
(upamana: dzikir isuk-isuk jeung psosore, sabab eta oge parentahna aya dina 
Al Qur'an; atawa urang teu acan tiasa ngalaksanakeun ibadah haji kusabab 
sababaraha alesan anu bisa ditarima). 
 Tah dina perkara ngalaksanakeun jilbab oge, ceuk pamendak sim kuring mah 
sarua. Aya para isteri anu parantos tiasa ngalaksanakeunana, aya oge anu teu 
acan kusabab sababaraha alesan. Diantara alesan-alesan eta teu pamohalan aya 
anu bisa katampi ku Pangeran, dugi ka eta si isteri teh kenging pangampura. 
Upamana: alesan yen upama nganggo jilbab matak ngamudaratkeun kahirupan 
ekonomi anu baris ageung akibatna ka kulawarga, jst. Kumargi kitu, dina 
panungtung parentah ngagunakeun jilbab dina surah An Nur ayat 31 aya 
katerangan kieu (punten teu disundakeun): "....dan bertaubatlah kamu 
sekalian kepada Alloh, hai orang-orang yang beriman supaya kamu beruntung".
 Anu (ngaku) ariman, boh geus kaduga dijilbab atawa heunteu, diparentahkeun 
supaya tarobat. Mataholangna, Alloh anu gaduh pangampura, urang nampi kana 
aturanana; anapon upama teu acan kaduga ngalaksanakeunana, kalayan 
alesan-alesan anu kuat, pamugi Alloh ngahampura kana dosa urang sadaya. 
Amin.
 Baktosna,
manAR 

 On 5/19/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Kang Dudi pami teu lepat mah dasarna teh surat An Nisa nu nyebut yen aurat 
> awewe teh kabeh awak lian ti raray jeung talapak panangan. Ari masalah rek 
> nurut rek henteu mah nya kumaha diri pribadina we, sarua jeung kawajiban 
> lain sapertos sholat, puasa. 
>  Tapi dina kahirupan sosial eta mah pan kumaha masyarakatna, pami 
> ditegeskeun eta kawajiban dina paraturan oge adat nya tangtos diatur sangsi 
> ka nu teu nyumponan eta paraturan. Ceuk urang padang meureun "dimana tanah 
> dipijak disitu langit dijunjung" hartina saha bae nu ka eta tempat kudu 
> surup nyaluyukeun kana aturan/adat eta tempat. Logikana mun padang 
> nangtukeun aya aturan kudu make jilbab nya nu ka padang kudu konsekuen 
> nyurup kana eta aturan.
>  Jadi nu perlu dimasalahkeun mah sanes katangtuan make jilbab, tapi aturan 
> "pelaksanaan" nu negeskeun eta katangtuan make jilbab. Pami NAD pan 
> masyarakatna tos negeskeun ngangge syariat Islam, konsekuensina saha bae 
> awew ka NAD nya kedah buni, ngangge tiung. Tah ari padang mah geuning 
> katingalna masyarakatna teu acan peuheut sadayana nerapkeun katangtuan make 
> jilbab.
>  Neda dihapunten bilih aya kalepatan, hak na nu ahli agama panginten.
>  salam
> JP
>  
> 
> *Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> 
> Tulungan, kuring bingung! Anggapan kuring salila ieu, ngangge Jilbab teh 
> kasadaran pribadi, naha beut diatur-atur, dipaksa-paksa. Ceuk sikuring nu 
> bodo mah, tibatan ngajilbaban luarna wungkul leuwih hade jilbaban heula 
> hatena, rohanina. Ke ge lamun awewe geus pada ngarti mah bakal dijilbab 
> sorangan, teu kudu dipaksa-paksa. Da ari geus dipaksa mah nyeri lain? 
>  Lamun dipaksa mah, nu aya bakal lalumpatan tibatan narurut. Boro urang 
> luar Islam dalah urang Islam sorangan...
>  Cing tulungan akang eteh, pami pemahaman kuring salami ieu salah, aya 
> dalilna nganggo jilbab dipaksa?, mun heunteu aya sajarahna jaman nabi, 
> sahabat tentang kajadian model kieu?...
>  Hatur Nuhun..
>  Haturan,
>  Abdi nu nuju bingung
> 
> 
>                *Dudi Herlianto*
> borondongjagong.blogspot.com <http://borondongjagong.blogspot.com/>
> 
> ------------------------------
> Yahoo! Mail
> Stay connected, organized, and protected. Take the 
> tour<http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
> 
>  __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
> 
> 
> ------------------------------
> *Yahoo! Groups Links*
> 
>    - To visit your group on the web, go to:
>    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>    - To unsubscribe from this group, send an email to:
>    [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>    - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke