Salam,

Hatur nuhun, Abah... teu kaduhung boga "abah ketemu gede" teh,
guaranana mani matak "kasarean", ngoleang ngimpi ka alam kalanggengan
urang Sunda...

Dina seri Sundalana I, Pa Ayatrohaedi spk medar hasil panalungtikanana
kana sababaraha naskah titinggal karuhun Sunda, di antarana Sewaka
Darma. Tina naskah2 eta, gorehel teh kapendak, gambaran anu ceuk urang
SAWARGA tea. Horeng, sanaos alam Sunda sakitu endahna, geuning ari
gambaran alam kalanggengan nu endah teh meh sarua jeung sawarga nu
digambarkeun dina Qur'an: patamanan asri nyari hejo ngemploh,
wahangan/walungan nu herang ngagenclang, bungbuahan nu sarwa amis kari
metik, jeung sajabana.

Jadi, horeng aya alam dina angen2 urang Sunda ge, nu leuwih endah &
sampurna batan "sawarga" tatar Sunda. Atuh komo bae, mun
ngabandingkeun jeung alam tatar Sunda kiwari mah, "sawarga" teh meh
beak bae dirarad ku manusana...

jk

On 5/20/05, Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kumaha mun ajaran Anjeuna teh turun di Tatar Sunda. Apan dijanjikeun yen 
> lamun bageur, nurut kana ajaran Anjeuna. Tangtu bakal asup surga.  Surga anu 
> pinuh ku tangtangkalan, buah-buahan, subur malah aya walungan nu caina 
> beresih jeung teu saat-saat.  Atuh jang urang Arab nu biasana ret kakenca ret 
> ka katuhu euweuh tatangkalan, "berkilo-kilo gurun pasir". Asup surga teh 
> bener-bener tujuan anu utama.
> 
> Terus dijanjian bakal asup ka Surga, tangtuna ge jadi soson-soson, kana 
> ngagali kahlian Agama jeung nyebarkan ajaran Anjeuna.
> 
> Mun ka US dijanjikeun eta jangji,boa-boa....Gan teu kedah tebih-tebih, didesa 
> sim kuring ge aya nu kitu mah. Pan Kampung Naga aya nepi ka ayeuna, boa 
> baheula pisan ge teu jauh kaayaanna.


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke