Kang Nana,

Sim kuring satuju pisan lamun ibukota Jawa Barat dipindahkeun ti Bandung ka 
daerah basisir, kieu alesanana mah:

1. Bandung ulah heuring ku tangtung. Karasa ayeuna Bandung geus teu 
pikabetaheun, langitna unggal poe angkeub ku haseup hideung ti pabrik jeung 
kandaraaan, jalan sapopoe maracet jeung loba pisan logakna, pelayanan ti 
pamarentah kurang, korupsi geus jadi praktek sapopoe diunggal jawatan. 
Sugan ari ibukota dipindahkeun mah meureunan bangsa pendatang teh miluan 
pindah ka ibukota anyar, lamun seug kuring lain asli ti Bandung mah 
tangtuna oge geus lila kuring nyingkah ti wewengkon ieu.

2. Ibukota anyar bisa ditata dirapih-rapih, ulah siga Bandung ayeuna. 
Kalahkah wae aya ITB di Bandung, ari pangwangunan paling kabocet diantara 
kota-kota gede lianna. Tuh tingali airport Bandung, dukdek heurin usik, 
malahmah euweuh tempat tunggu anu merenah-merenah acan, kalah wae disebut 
international airport.

3. Pajabat heubeul diganti kunu aranyar, kabeh ucing garong ulah dibere 
kadudukan anu mere kasempetan kamanehna ngalakukeun korupsi.

Sok atuh geura pindahkeun ibukota teh, ngarah kuring anu padumukan di 
Bandung rada laluasa siga beheula keur taun dalapan puluhan.

Tapi sim kuring teu satuju lamun Jawa Barat make syari'at Islam, sanes teu 
satuju kana eusina tapi Jawa Barat can siap kanggo nerapkeunanana. Kabayang 
ku sim kuring mun der teh ngadeg nagara Islam di Indonesia, isuk jaganing 
geto sapuluh kapal induk Amerika bakal anjog ka pakidulan Jawa Barat anu 
baris ngaruntagkeun pamarentahan Islam. Beu dulur aing meureun bakal jadi 
korban alatan dibombardir ku Amerika. Mun balik deui ka taun limapuluhan, 
KMB jeung Amerika nyaluyuan kamerdekaan Indonesia asal ulah ngadegkeun 
nagara Islam, nyaeta ku maka Pancasila sabage dasar nagara.

ilen kardani



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke