Baraya,
 Bieu teh kadatangan Kang Dicky anu keur nulis buku ngeunaan kujang, pakakas 
kahormatan dina budaya Sunda tea. Lain perkara kujang teuing anu rek 
diobrolkeun teh, tapi dongeng kang Dicky ngeunaan gambaran pamimpin 
Indonesia anu geus jeung eukeur manggung anu dilambangkeun ku ramo anu lima 
tur dipungkas ku tangtungan kujang anu dicacandak ku anjeunna.
 Ieu kujang, ceuk anjeunna bari nembongkeun kujang gaduhna, jeung ramo anu 
diacungkeun hiji-hiji bari terus dikeupeulkeun, mere gambaran kapamimpinan 
di nagara urang, ti mimiti presiden anu kahiji nepi ka anu ayeuna jeung 
engke pikahareupeun. Kapamimpinan Indonesia ka hareup gambaranana aya dina 
kujang anu dibalikkeun da uyah mah kudu netes ka handap saurna. Bari jeung 
teu ngarti, si kuring terus bae ngabandungan. "Enya, da kudu ti Sunda 
akhirna mah pamimpin teh, sakumaha kalimah "ieu Sunda" aya dina kecap 
"Indonesia" , saurna deui. "Naha bet kitu?", kuring nyela. "Aeh Kang, apan 
upama 'Sunda" ditulis ku ejaan buhun (Soenda) kalimah 'ieu Soenda' teh apan 
aya dina kecap 'Indonesia'!", saur anjeunna deui rada nyeuneu. (aeh, enya 
bae geuning, sanggeus ngaringkel-ringkel kalimah tina-tina hurup-hurup anu 
aya dina kecap "Indonesia" nya gorehel kapanggih kalimah "Ini Soenda").
 Ari kapamimpinan Indonesia dina ramo jeung peureup, kieu dongengna. Di 
mimitian ku cinggir, gambaran Presiden Soekarno salaku pamarentah anu, ceuk 
cenah, visi kapamimpinanna teh karakyatan tea. Sakumaha ari cinggir teh sok 
disebut "anak" kusabab leutik tea jeung ayana pangsisina. 
 Ari Soeharto, gambarananna teh jari manis, dina harti, "manis janji" bae, 
kalahka beuteung bae nambru salila 32 taun marentah ukur ngabeungharkeun 
diri jeung kulawadetna (baraya, omat, ieu mah kasauran Kang Dicky :)).
 Ari Habibie mah gambaranana teh jari tengah. Enya sebab nyengceling nu eta 
mah, presiden anu aslina lain Jawa, jeung deui pangartina punjul da sakolana 
pinter. Badis bae jari tengah anu punjul ti ramo sejenna. Ahli kapal udara 
tea atuh. 
 Kumaha Gus Dur? Tah eta mah simbolna teh curuk. Enya, teu kaur ngan 
tutunjuk jeung tutunjuk bae (sabab...punten....teu ningal tea meureun). 
Sigana nepi ka ayeuna kabiasaan tutunjuk teh can eureun.
 Ari Bu Mega mah dilambangkeun ku jempol. Enya apan jempol teh indung ramo 
tea, payus ka warugana anu wanoja jeung....sing sarwa alus bae laporanana 
sok sanajan kaayaan rahayat teu menyat-menyat oge. 
 Tah, upama Sby mah cenah, gambaranana teh upama seug sakabeh ramo teh 
dikeupeulkeun. Lain hartina Sby tukang gelut, tapi lambang ngeupeul di dieu 
meureun nangtang rahayat nepi ka ampir unggal poe aya bae demo (basa 
jembarna mah meureun, kawijakan-kawijakan Sby teh nangtang rahayat, teuing 
atuh, wallohu'alam).
 Anging Alloh anu uninga, eta mah basa kirata migunakeun lambang. Ngan 
palebah naon maksudna pamimpin engke aya dina kujang, Kang Dicky 
ngawalonan:"Satiap kujang aya gagangan, tah dina gagangna teh sok dihias ku 
si belang, seug geura balikkeun eta kujang, sina ngeluk tungkul ka rahayat, 
tangtu baris katawis sima kapamimpinan anu dilambangkeun ku maung dina 
gagang kujang". Wallohu a'lam deui bae, mangga bae aremutan, da eta mah 
ngaranna oge kirata.
 Cag heula.
 Baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke