si Abah teh isuk saptu 28 mei baris biantara, orasi budaya dina acara wisudaan di pangulinan, www.itenas.ac.id. jejerna, legenda dayang sumbi ditoong tina jigad hermeneutik. kamari si abah ka pangulinan pikeun gladi resik kitu tah.
apal hermeneutik? basa gaul pikeun elmu nerjemahkeun. asalna mah cenah diake pikeun ngahartkeun bibel (lain bebel, bibel, injil tea) terus we nyebar dipake pikeun ngahartikeun naon bae. biasa meunang ngimpor ti kulon, padahal ti arab (kulon keneh ti urang mah :) aya 'elmu alat' nu ceuk si cenah leuwih euyeub jeung jero. si abah menta ngondang walikota, sekda, ketua dprd, tapi tadi dikonpirmasi, teu barisa, ngan ukur ngutus wakilna. padahal si kuring tadi teh manggih gambar ketua dprd jabar, aya dina kompas kaca 12. eh, diganti ku ketua komisi E cenah. E teh duka tina edan duka tina education. haha. aya nu aheng deuih, lagu Godeamus, diganti ku Kandaga Atikan, beunang kang Yus Wiradiredja ti STSI. make paduan suara gabung jeung degung. tadi latihan di gsg. edun we lah! tukang kendang jeung tukang suling, diimpor ti STSI, da barudak LISEN DA (lingkung seni sunda) Itenas can pati lihey, kitu tah. geus ah keur migren yeuh... mj ================ Maang, di mana patepung sareng Abah Surya?? Duh, sono abdi....punten pangintunkeun salam ti simkuring, kujang putra, tansah kapihatur bae... janten hoyong ngahaleuang,...kujang putra beungkeutan urang....!! jek jek nong!! mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
