Sampurasun kang Oman
Kang Oman ku abdi badi ditelpon upami atos aya di Bandung, Ari Bandung
Utara mah seueur balad sa kaulinan, aya hiji
balad anu tara leupas tina babarayaan namina Alif lulusan jurusan
hukum UNPAD putrana Pak Daeng anu dipihormat ku US, ceunahmah dulur
Kang Acil / kang Sam Bimbo, ari Kang Oman kenal henteu? Jiganamah
bade pa amprok deui sareng Kang Reza Mintareja-Intero Bumi nya salam
wae ka anjeuna.
> Leuh...bagja salira mah, tiasa kaditu kadieu tina alatan salah sahiji
> seni
> kasenian anu - wartosna tina KIBS-kalebet ajen-inajen kakuatan
> kasundaan,
> nyatana maenpo atawa penca. Hanjakal kapungkur si kuring mah diajar
> sautak-sauetik oge Nampon heuntue dugi ka dipaparin bukuna (:).
Edas kang Oman sok handap asor, teraskeun atuh maenpona sakentenan
diigelkeun, maenya Nini Eni anu 90 taun masih ngigelkeun, kadang-kadang
upami noongan Nini Eni dimanca nagara simkring mani era ku tangtungan
nu masih ngora tibatan anjeuna.
Emlu Anjeunana teh titipan ti Karuhun Sunda anu asli dipiara balarea
Nusantara nepi ka mancanegara. Barudak ngora ti manca nagara
mani raresepeun ngulik ilmi Nini Eni, ceuk kuring mah Nini Eni salah sa
hiji pustaka penca anu masih HIRUP keur barudak ngora anu arek
neruskeun karuhun sunda,upami ngadangu carita tinu sejen mani kudu
ngaluarkeun harta karun anjeunna sagala keur neruskeun eta kaulikanana
keur nyumpunan ngajentrekeun ilmina.
Jalmi-jalmi anu tos nyobian ulikna penca ti karuhun sunda moal leungit
dituang zaman bade diajar sa minggu.sa bulan, sa ta taun komo deui sa
puluh taun mah tangtos nerap ka kulit, daging, getih, walung, sumsum
anu disimbulkeun ku karuhun sunda BEUREUM, HIDEUNG, BODAS jeung KONENG
sadaya CAHYA NUR SUNDA.
Salam
Yan NYC
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/