Kang Oman, Satemenna aya sababaraha bahan pikeun makalah teh. Ngan duka bisa atawa heunteu direngsekeun dina waktu nu samporet jiga kieu. Puguh bulan Juni ieu teh aya dua garapan makalah nu kedah direngsekeun, anu aya patalina jeung garapan pribadi kuring. Kahijina pikeun konferensi di Medan, nu kaduana pikeun kolokium di Pinang. Tapi, mudah-mudahan wae tiasa dirarancang rarangkayna mah, ngan jigana moal bisa jadi makalah sabeuleugeunjeurna. Salam, MH
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sae tah Kang Mh, cikan atuh jununkeun sina jadi hiji makalah pikeun KBS VIII 2005. Bade dilebetkeun bae kana rarangkay makalah anu ku abdi parantos dipostingkeun, mangga. Kersa lah abdi ngedit na mah :). Dina leresan ieu emut padungdengan kamari di dua tempat. Anu kahiji sareng Abah Surya, anu kadua sareng salah saurang wartawan ti PR. Sareng abah aya kacindekan kieu: dina lebah BS, urang satemenna heunteu kudu nyoalkeun kasieun pareumna BS, sabab ari hirup-huripna basa mah gumantung aya keneh atawa heunteu anu makena. Jadi, anu perlun dipikiran jeung agenda leuwih jauh teh taya lian ti mikiran kumaha cara jeung taktikna sangkan BS tetep diparake ku saseueur-seueurna masarakat US. Jejer ti salira ieu upama diteruskeun sigana baris manggihan eta taktik anu imaksud. Ari wartawan PR mah ngalungkeun pananya sarupa kieu:" Naha BS teh masih bisa diwacanakeun?", "Naha ampuh lamun pikeun ngudag hirup-huripna BS ku cara otoritas aturan sarupa Perda bari jeung heunteu diteruskeun ku strategi anu leuwih praktis anu nyoko kana kaperluan masyarakat di handap?". Pikeun ngajawab pananya-pananya ti wartawan PR ieu oge jejer anu ku akang diasongkeun (KBS : Antara "Peso Bedah" jeung "Kue Lapis") kalintang tiasana ngabakianana upama diteruskeun. Mangga atuh Kang, teraskeun. baktos, manAR On 5/28/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, > Naon bedana antara "peso bedah" jeung "kue lapis"?. Hehehe. > Najan geus puguh beda hese neangan sasaruanana, keun wae kuring rek > nyobaan "ngacapruk" bari diajar nulis. Nu jelas salah sahiji bedana "peso > bedah" bisa dipake ngajejewet, neukteukan "kue lapis". Ari "kue lapis", geus > jadi hukum alam tinggal tumarima kana nasib, bakal diteukteukan, diicis, > dicacag, diwalang-walang make "peso bedah" tea. Upama rasana ngeunah terus > dihakan ku manusa. Tamat riwayatna. > Salian ti eta upama ditoong make kacamata sejen, "peso bedah" bisa > disebut "ramah teknologi". Wujudna bisa salin rupa gumantung kana kamekaran > jeung kamotekaran alam pikiran manusa. Contona, baheula mangsa kuring > disunatan, pikeun neukteuk tungtung sirit teh sok make naon geuning, aya > panyapit jeung sabangsa peso cukur. Nyerina mang minggu-minggu, kudu mamake > sarung, nepi ka raheutna cageur. Kiwari, upama budak disunatan, karek kaluar > di kamar bengkong, budak geus bisa lulumpatan, da peso geus disaluyukeun > jeung kamajuan teknologi kiwari. Kitu deui upama ninggali peso pikeun > operasi di rumah sakit, cenah bejana baheula upama ngabedah teh make > "bedog", peso bedah kiwari mah geus bisa dijieun dina cahaya laser sagala > rupa. Kumaha ari nasib "kue lapis"? Jigana anri "kue lapis" mah di baheula > mula, jaman gatotgaca masih bubujangan oge, angger we kitu. Geus nasibna > ukur diteukteukan terus dihuapkeun. > Ari basa Sunda naha geus jadi "peso bedah" atawa ngan ukur jadi "kue > lapis"? Urang toong we geura ciri-cirina. Salah sahijina, upama basa Sunda > geus bisa jadi basa akademis, basa nu dipake pikeun ngabahas hiji pasualan > kalawan daria, eta hartina basa Sunda geus dijadikeun alat anu fungsina jadi > "peso bedah". Tapi upama basa Sunda ngan ukur dipake "objek" kajian, ditilik > kumaha wangunana, diterangkeun make basa sejen, jigana nasibna teu pati beda > jeung "kue lapis". Naon untungna jadi "peso bedah"? Ari "peso bedah", > kangaranan alat pikeun hiji pagawean penting, tangtu diperlukeun ku balarea. > Tangtu bisa tumumuh saluyu jeung tumuwuhna elmu sejenna. Jadi jigana salah > sahiji garapan nu perlu pada mikiran teh, kumaha supaya basa Sunda bisa jadi > "peso bedah", lain ngan ukur jadi "kue lapis". iWallahua'alam. > Salam, > MH > > > ===== > Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > ------------------------------ > Do You Yahoo!? > Yahoo! Small Business - Try our new Resources > site!<http://us.rd.yahoo.com/evt=31637/*http://smallbusiness.yahoo.com/resources/> > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/> > > > > ------------------------------ > *Yahoo! Groups Links* > > - To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > - To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]> > - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
