wisudaan kamari mah resep na teh aya kang Oman gigireun, ngangge jas lengkep dasi. oge aya abah Surya nu biantara Orasi Budaya ngeunaan Legenda Dayang Sumbi ditoong ti hermeneutik. si kuring diuk panghareupna, ngarendeng sareng abah Surya oge kang Oman, kang Oman teh pesenan abah Surya, salaku pupuhu LSM Raksa Bumi. jadi vip, yeuh, kakara dina acara wisudaan kudu diuk dihareup, biasana mah di luar, ngeceng nu herang-herang. uleman nu sejen, inohong bandung teu sarumping, walikota, setda jabar, ketua dprd.
eta inohong diulem teh pedah we bade aya orasi budaya abah Surya perkara Dayang Sumbi, minangka mitologi kota Bandung. hanjakal teu kabagi buku orasi budaya si Abah Surya. mun aya mah diketik ulang dicemplungkeun ka milis. ku urang kokoreh sugan manggih orasi abah Surya (HR Hidayat Suryalaga) oge sakantenan dina raraga napelna Aksara Sunda di unggal tembok gedong nu aya di Itenas. enya, Aksara Sunda ti situs Astana Gede Kawali tea, aksara nu oge aya di prasasti Batutulis Bogor. Itenas minangka paguron luhur di Jabar nu munggaran make aksara Sunda eta. dina plang ngaran gedong, pangluhurna, ngaran gedong basa sunda aksara latin, di tengah aksara Sunda, di handap ngaran jurusan/lab. gambarna...ke urang korehan... teu aya eung, aya di komputer humas sigana mah... mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
